Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Haji Saleh pok miunjuk, ”Nuhun ku abdi katampi, kana pangasih Juragan, nu agengna taya tanding, sesah nyaruakeunana, Gunung Salak masih alit.

Sareng nyanggakeun bebendu, ka juragan jaler istri, abdi sumeja pamitan, sarehing parantos lami, nilar lembur jeung pakaya, ayeuna nyuhunkeun widi.

Dinten enjing hayang wangsul, bade mios enjing enjing,” nyambung Nyi Haji Aisah, ”Yaktos mugi aya widi, wireh abdi sakalintang, hayang geura gok papanggih.

Sareng pun bapa pun indung, wirehing parantos lami,” Haji Aminah ngajawab, ”Sageuy make henteu idin, da ku aceuk ge katimbang, mungguh kasono Nyi Haji.

Hayang gok tepung jeung sepuh, kitu deui jeung Ki Haji, aceuk oge arek jajap, tanda cinta ka Nyi Haji, sareng aceuk hayang terang, ka ibu-rama Nyi Haji.”

Nyi Siti Sumekar tuluy, nyampeurkeun barina seuri, ka deukeut Haji Aisah, basana ”Kumaha abdi, meureun di dieu sorangan, da ema mo mulih deui.”

Nyi Haji Aisah imut, ”Eulis mah sok aneh teuing, kapan ema ayeuna mah, enggeus wakil lahir-batin, tuh itu geuning engkangna, eukeur ngabaturan Eulis.”

Haji Aminah pok matur, ”Nyai oge kudu wakil, pirencangeunana ema, cing ka saha arek wakil, tuh itu kudu ka mama,” ger kabeh pada sareuri.

Sawengi eta ngaguruh, sora pameget jeung istri, sasauran patembalan, sadayana suka seuri, ari nu jadi carita, lalampahan Nyai Uki.

Blang bae nepi ka isuk, taya nu kulem sahiji, caturkeun enggeus sadia, brul sadaya pada indit, anu rek mulang jeung jajap, ngabujeng kareta api. Di jalanna teu kacatur, kocapkeun bae

Di jalanna teu kacatur, kocapkeun bae geus nepi, ka lemburna di Manggahang, sadaya geus pada calik, malah di dinya geus nyampak, Bapa Uki Ambu Uki.

Haji Aisah kacatur, teu tata-pasini deui, gabrug ngarontok

113