indungna, bari ceurik jerat-jerit, nyuuh ka lahunanana, pokna ”Ema ieu abdi.
Ngaraos salaput hulu, kasalahan diri abdi, ka ema bapa nyangsara, wireh karaos ku abdi, tambelar ka bina-bina, hapunten lahir jeung batin.”
Ambu Uki semu bingung, olohok jeung larak-lirik, ngomong di jero atina, ”Aing teu ngaharti teuing, ieu awewe teh saha, aing kakara papanggih.
Geus kitu Nyi Haji tuluy, nyuuh deui bari ceurik, kana lahunan bapana, pokna ”Bapa ieu abdi, rumaos ageung nya dosa, mugi ngampura ka abdi.”
Bapa Uki ge nya kitu, kawantu geus aki-aki, henteu inget ka anakna, ngan mencrong semu teu ngarti, ti dinya Haji Aisah, gek diuk deukeut bu Uki.
Ambu Uki tambah bingung, tuluy nanya ka Mas Haji, “Jang Haji ieu teh saha, ema kakara papanggih,” gancang Mas Haji ngajawab, ”Kapan pamajikan kuring.
Kuring teh bet meunang untung, di ditu di Sukabumi, diparengkeun papanggihan, amprok jeung ieu Nyi Haji, sarta suka pada suka, jeung teu kudu kawin deui.”
Ceuk Ambu Uki ”Teu umum, ku Ujang henteu dikawin, najan suka pada suka, da kawin mah kapan wajib, henteu kawin mah doraka, agama mah henteu idin.”
Nyi Haji Aisah tuluy, kaindungna ngomong devi, Ku abdi oge katimbang, saperkawis tina lami, tangtos ema sareng bapa, ningali ka abdi pangling.
Ku lantaran enggeus sepuh, parantos kurang tingali, katambih-tambih ayeuna, abdi enggeus jadi haji, cing tingali masing awas, ieu abdi teh Nyi Uki.”
Ambu Uki mani kerung, neuteup bae ka Nyi Uki, teu acan teteg pikirna, ku lantaran tacan sidik, aya pikir teu percaya, rek ngaku teh sieun lain.