Barang geus sidik mah gabrug, ngarontok barina ceurik, geus teu puguh sasambatna, ngomongna geus henteu uni, pegat-pegat sowarana, kawantu geus nini-nini.
Cipanon teu weleh ngucur, pageuh nangkod ka Nyi Haji, bari teu eureun ngusapan, neuteup barina ngecewis, lah sukur Alhamdulillah, ema jeung Nyai papanggih.
Nyi Haji Aisah tungkul, segrak-segruk bae ceurik, Bu Uki ngeser diukna, ngomongna kakara uni, pokna ”Uki ieu ema, naha henteu nyana teuing.
Meunang puluh-puluh taun, jeung ema henteu papanggih, naha Nyai teh ka mana, ka ema bet iklas teuing, ninggalkeun salila-lila, teu nyana papanggih deui.
Nuhun ka Gusti Nu Agung, lahirna ka Ujang Haji, hate ema henteu pegat, neda-neda siang-wengi, nyuhunkeun patepang heula, samemeh nepi ka pasti.”
Pa Uki ceurik ngagukguk, kawantu geus aki-aki, ceurikna euweuh soraan, aya suka aya sedih, bungah pacampur jeung waas, jeung anak papanggih deui.
Panutup anu dicatur, Haji Saleh tetep mukti, reujeung Nyi Haji Aisah, lulus-runtut repeh-rapih, tambah pikeun pangbubungah, meredel batian deui.
Ku sakampung dipisepuh, wargi-wargi pada asih, menak-menak pada heman, nu sugih ngangken pamili, pirang-pirang wilayatna, gereyek pangeusi bumi.
Kairut ku alus semu, katarik ku budi manis, welas asih ka sasama, sumawonna ka nu miskin, dipetakeun usahana, pikeun ngurus anak-rabi.
Jang Atim anu kacatur, nu ngancik di Sukabumi, dina gawena teu lila, ukur lima taun leuwih, rekes nyuhunkeun kaluar, nu dimaksud arek tani.
Mertua anu ngajurung, ka minantu merih pati, nitah tani reujeung dagang, pikeun modal mah sayagi, rek dagang enggeus sadia, tani tanah kantun milih.