SINOM
Pok Haji Mamur nyarita, ”Geura ku Ujang pek pikir, gajih Ujang sabulanna, dua puluh henteu leuwih, ari naekna deui, kudu nunggu lima taun, ukur lima rupia, asa laleukleuk teh teuing, ari peta isuk indit datang beurang.
Geura lamun pek ku awak, tetepkeun cara sasari, isuk indit beurang datang, pek petakeun kana tani, kalawan ati-ati, saperti keur jadi guru, Insya Allah mo salah, hasilna leuwih ti gajih, kilangbara nepi ka tilu tikel mah.
Pek petakeun kana dagang, hidep mah boga pangarti, tangtu dagang jeung itungan, saliring laku dipikir, sagala jeung ditulis, cadu lamun henteu untung, mustahil na sabulan, henteu leuwih tina gajih, tempo-tempo sok negtog aya ratusna.
Lamun rek tani di mana, tanah mah ngan kari milih, arek ngepon arek nyawah, lamun hayang nu geus jadi, pek bae geura pilih, kebon teh nu di Nyalindung, atawa Bojonglopang, mun rek muka puguh deui, hal perkara tanahna ulah salempang.
Mungguh pimodaleunana, muga ulah jadi pikir, hidep mah tarima aya, henteu kudu milu mikir, ari anu diperih, asal awak kudu suhud, kudu kawas ayeuna, saregep jeung ati-ati, katenjona ku abah suhud kacida.
Demi lahiriah dunya, ngarah aji jeung pangaji, teu tukuh bae ku pangkat, ku tani mo burung jadi, lamun reujeung pangarti, junun tuhu sarta suhud, ku dagang ge kaudag, geura tilik bangsa asing, beuki lila di urangna beuki mulya.
Ku tina temen wekelna, isuk indit sore balik, tur eta mah ukur dagang, da tani mah henteu idin, tanah pikeun pribumi, iwal nu di gunung-gunung, anu maruka kontrak, najan kitu make jangji, nu biasa disarebut tanah erpah.