Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pikeun urang laluasa, modalna teh taya deui, ngan asal daek wayahna, sabar dina acan hasil, ulah waka jejerih, bingung nan jakna ka gunung, hoream sabab panas, rasakeun lamun geus hasil lebah dinya urang tinggal heheotan.

Bati dagang tinggal mulya, bati tani tingga! mukti, ari nu jadi pangkat mah, ka handap ti semet mantri, abah mah osok watir, damel tisuksruk tidungdung, ari geus pangsiunna, gajihna jiga teu mahi, rajeun aya warisan beak ti heula.

Puguh ari keur jeneng mah, katenjona jiga mukti, awak jagjag leumpang gandang, unggal poe jiga ginding, tapi geura pek intip, buktina geuning sakitu, nu sarumping ka abah, basana neda citangis, ku kapaksa lantaran teu cukup tea.

Dina timbangan abah mah, lamun nurutkeun bisluit, gajih hidep moal tambah, tilu puluh henteu leuwih, sarta harkatna deui, ukur semet guru tulung, keur mantri mah da aya, kanidat anu jaradi, kaluaran ti sakolak Raja tea.

Ari kahayang abah mah, henteu kudu lila mikir, menta eureun ayeuna mah, pek rekes kumaha galib, jalanna masing titi, basana ge pon nya kitu, kudu nincak hambalan, sanggakeun ka Juragan Mantri, ti dinya mah kumaha bae kersana.

Sakabeh kaboga abah, rek dibikeun ka Nyi Siti, Ujang anu katempuhan, ngurus bandana Nyi Haji, sabab awak nu wajib, ari abah reujeung embu, maksud rek ngabagawan, moal arek nyieun pusing, ngan pamenta ku Ujang kudu memenan.

Samemeh nepi ka ajal, titis tulis ti Yang Widi, eukeur pake reujeung hakan, nini-nini aki-aki, dapon teu nista teuing, bok bilih dipoyok batur, sabab Ujang nu era, sugih mukti geus kapanggih, lara bagja ku abah enggeus kasorang.

Ujang masingna percaya, pikeun abah sok mustahil, arek ngunclungkeun ka awak, sumawon rek nganyenyeri, eta saina sakali, demi Allah demi Rasul, tina bakating nyaah, ka diri maneh anaking, turug-turug katalian ku Sumekar.

Bok bisi ngarasa hamham, urang jangji di Notaris, lamun ma-

117