neh dina dagang, atawana dina tani, teu acan meunang hasil, sabulanna lima puluh, tah eta sakurangna, abah anu boga wajib, ngajejegan kana lima puluh perak.
Nyawah moal prak sorangan, ngebon ge pon kitu deui, Ujang sakadar marentah, metakeun anu karuli, bisina marelencing, Ujang ngan ukur tutunjuk, ieu kored tuh babad, ngan saratna kudu tigin, mariksana beunang nu karuli tea.
Dagang moal naktak mundak, eta ge putus ku kuli, atawana ku badega, urang mah ngan kari mikir, kumaha sangkan resik, nu ningal sangkan ka irut, katarik ku dagangan, watekna bet hayang meuli, suka betah sakur anu baralanja.
Pek pilih toko nu mana, atawa rek nyieun deui, sabab tanahna mah aya, deukeut pengkolan ka bui, sarta tempatna resik, surup mun mayun ka kidul, caina hirup pisan, sarta teu katojo angin, kalindukan ku imah gigireunana.”
ASMARANDANA
Ku Atim enggeus kapikir, bener sasaur-saurna, tetela yen mitoha teh, nyaahna teh saenyana, nurutkeun caritana, burung mun aing teu nurut, doraka lamunna baha.
Ari jawab Ujang Atim, ”Sakumaha saur abah, ku jisim abdi kahartos, leres teu aya lepatna, yaktos nya kitu pisan, mungguh gajih gurubantu, ukur tilu puluh perak.
Nanging tangtos jisim abdi, sumeja nyeratan heula, pun bapa bilih haroong, nyarioskeun rek mareman, maksad sumeja dagang, sareng abah prantos sapuk, mung ngantosan ti Manggahang.”
”Bener pisan he anaking, ka mama kudu haturan, ka baing ka eming oge, sarta suhunkeun berkahna, sangkan kabiruyungan,” kitu omong Haji Mamur, bari ngaganti ududna.
Ngomong deui Ujang Atim, ”Manawi taya wagelan, enjing