abdi bade ngope, basa keur rekesanana, supanten ulah janggal, ngajagi ”heum” nu ti luhur, ulah lepat panyangkana.
Tangtos ka Juragan Mantri, sareng ka Juragan Kandidat, disanggakeun eta kope, supanten ku aranjeunna, dilereskeun basana, bilih aya anu nyentug, kecapan anu teu ngeunah.
”Atuh puguh” cek Mas Haji, ”kitu permistianana, da kudu nete taraje, ulah ngaliwat hambalan, temah sok tisoledat, tungtungna sok tigedebug, jeung hasil anggur cilaka.”
Sapeupeuting Ujang Atim, ngadekul ngope rekesan, mani beak opat kebet, sabab remen pisan gagal, dicoret dikaretan, tina ku bawaning bingung, neda tulung ka kanidat.
Basa rekes beres manis, bubuhan beunang kanidat, barang enggeus gancang bae, disanggakeun ku sorangan, ka nu jadi dunungan, ka Juragan Mantri Guru, anjeunna kaget kacida.
Henteu gugur henteu angin, euweuh beja ti anggalna, Guru Atim arek liren, tapi dalah dikumaha, da kaharti karepna, nya meunang adpisan alus, rekes biur bae mangkat.
Barang enggeus tilu sasih, ti sanggeus ngirim rekesan, putusanana enggeus jol, eureunna kalawan hormat, sababna digawena, jejeg pisan genep taun, tur mulus taya cacadna.
Mimitina Ujang Atim, metakeun duitna heula, rek diajar dagang gendong, muka warung nu lumayan, ngan ukur dua rohang, pamajikan anu tunggu, ari manehna ka sawah.
Dagang dibarung jeung tani, suhudna kabina-bina, bangun nu euweuh kacape, sumawon ngarasa hina, teu aral teu subaha, estuning tungkul ka jukut, henteu gedag kaanginan.
Sagala rupa ditulis, henteu tinggal ti catetan, dipalar supaya nyaho, sangkan gampang kapanggihna, dina untung-rugina, sarta make nyieun kasbuk, papatah ti mitohana.
Ditutupna saban sasih, tetela gede untungna, make leuwih ti salawe, cacakan dagang lumayan, ngan ukur dua rohang, ku sabab dagangna maju, warungna teh dilegaan.
Dagangan ditambah deui, ku encit reujeung batikan, iwal