Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ti barang kolontong, sesembenna kadaharan, minyak tanah keceran, reujeung kaperluan dapur, bujangna ge ditambahan.

Tanina nya kitu deui, nyawah ditambah ngahuma, ngalegaan kebon enteh, estuning taya reureuhna, remen ka Bojonglopang, malah terus ka Nyalindung, nalingakeun kawasana.

Sagala kuma Jang Atim, ari Mas Haji Mamur mah, ngan tarima dahar make, kumaha pamere anak, diantep sakarepna, henteu mangkuk tujuh taun, bet enggeus aya ratusna.

Nincak dua ratus leuwih, hasilna dina sabulan, tina tani reujeung noko, ari nu jadi lantaran, modalna enggeus aya, lain pawit beunang nganjuk, dagang lain beunang hutang.

Jadi hasilna beresih, henteu aya anu nyongcay, ngan sakadar barang toko, aya nu beunang ngeberan, reujeung barang titipan, nu sawareh beunang ngayuh, da geus kitu ilaharna.

Suhud tani tinggal mukti, getol dagang tinggal senang, asal dibarung kadaek, diitung reujeung ditimbang, puguh salang-surupna, ulah jangkung memeh luhur, ulah tinggal ti jeujeuhan.

Geuning Ujang Atim bukti, ku sabab cepet benerna, sakarepna jadi kabeh, tani dagang kajadian, taya pisan gagalna, ku jalma-jalma katurut, da tara ngarah-ngarinah.

Leuwih ti nu jadi mantri, meh mapakan ka wadana, sarta kabeungharanna teh, dipake reujeung didahar, imah-imah utama, ceuk babasan hurung nangtung, siang leumpang saenyana.

Ahirna teh tinggal mukti, taya pisan kakurangan, cek babasan salieuk beh, da beunghar reujeung panalar, sugih reujeung elmuna, lain kaya cara Karun, banda nyiksa kana awak.

TAMAT

120