Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

gede darajat, tepung jodo ka Marjuki, tina rumasa laip, urang kampung bau lisung, henteu banda teu rupa, atuh beuki leuwih-leuwih, sumaregep ngawulaan salakina.

Marjuki oge ngarasa, untung geus ngawin Nyi Uki, kahiji nilik rupana, henteu goreng-goreng teuing, katambah amis budi, panarik pikir kayungyun, kadua perkarana, ngawulana ka salaki, sumaregep teu aya cawadeunana.

Ari katilu perkara, kabungahan Ki Marjuki, bagja enggeus meunang tempat, anu sepi sarta suni, kalingkungan ku pasir, surup pikeun tempat nyumput, ngubaran hate rempan, ngaleungitkeun pikir risi, ngabangbrangkeun kasusah lantaran ingkah.

Tadina pikiranana, ngarasa sedih prihatin, lantaran pisah jeung sepah, tapi ayeuna bet leungit, kantun gumbira ati, lipur ku perbawa gelung, beurang peuting teu pisah, rerentetan jeung Nyi Uki, cek babasan tara paanggang sajengkal.

Ki Marjuki henteu wakca, di mana asalna cicing, ka mitoha duanana, sumawonna ka Nyi Uki, basa waktu rek kawin, manehna keukeuh mangaku, rek nyiar pagawean, ka kontrak Patuha-Wati, susuganan di dinya aya lowongan.

Caturkeun geus genep bulan, ti waktu Marjuki kawin, Pa Uki heraneun pisan, nilik lampah Ki Marjuki, bet hayang bae cicing, kawas henteu boga maksud, hayang nyiar kipayah, ti beurang ngan wungkul ulin, selang-selang hees bari sisiaran.

Lamun enggeus dadaharan, sakapeung mah tuluy indit, ka leuweung jeung Nyi Urkiah, ngajingjing paser jeung sumpit, maksudna taya deui, susuganan aya manuk, anu beunang didahar, pasosore karek balik, henteu boga kaera jeung kahariwang.

Harita geus turun hujan, tetela rek ngangkat ngijih, Pa Uki enggeus prak mabad, pihumaeun nu sasari, keuheul pikir Pa Uki, lantaran anak minantu, teu daek ngabantuan, hiji sore Bapa Uki, memeh sare nyarita kaminantuna.

4