Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ASMARANDANA

Kieu omong Bapa Uki, ”Ujang kumaha ayeuna, pilakueun awak maneh, lantaran ingetan bapa, geus leuwih tujuh bulan, awak di dieu nya matuh, bojoan ka si Urkiah.

Saban poe jeung si Uki, euweuh pisan bubuatan, gawe teh ngan ulin bae, na’ kumaha karep Ujang, teu kaharti ku bapa, henteu cara batur-batur, pada boga pakasaban.

Anu tani anu kuli, rupa-rupa usahana, naon anu hasil bae, pikeun ngurus sandang pangan, awak jeung pamajikan, kilang bara bisa ngurung, hakan ema reujeung bapa.

Teu kudu didadar deui, dina kaayaan bapa, pan sakieu buktina teh, beubeunangan ti pakaya, ngan ukur bubulanan, lamunna henteu kasambung, kula-kuli ka kontrakan.

Meureun mindeng peurih peujit, ngongkrong henteu baranghakan, ngan untung waktu ieu teh, bapa ema masih jagjag, digawe masih kuat, teu kendat bapa buburuh, saban poe ka kontrakan.

Teu aya anu dipikir, bapa sieun kajadian, nepikeun ka awak maneh, ngongkrong henteu barangdahar, hate bapa teu iklas, najan ka anak minantu, kanyaah bapa teu beda.

Sarua jeung ka Nyi Uki, cacakan lamun beunghar mah, moal ngomong naon-naon, suka betah anu aya, riung kumpul jeung anak, taya petana dijurung, diperdih kudu usaha.

Ku bapa oge kaharti, dina lebah awak Ujang, moal bisa kana gawe, anu badag sarta kasar, nyekel pacul jeung parang, matak ayeuna ngajurung, geura nyiar pagawean.

Anu surup reujeung diri, kana gawe tutulisan, boh jurutulis boh mandor, sageuy di lebah hidep mah, ku kontrak teu katampa, asal bae aya maksud, pagawean moal kurang.

5