Najan ayeuna geus ngijih, bapa geus ngamimitian, ngababad keur baris kebon, tapi bapa moal ngarah, kana tanaga Ujang, sabab ku bapa kamalum, lain picabakeunana.”
Ngahuleng bae Marjuki, nguping omong mitohana, ngomong dina jero hate, ”Kacida ieu mitoha, ka aing mihemanna, ngeunakeunana piwuruk, rintih jeung kaharti pisan.
Aing teh rumasa isin, ku mitoha kahutangan, coba lamun anu sejen, minantuna kieu peta, moal aya hampura, tanwande gancang ditundung, anakna kudu ditalak.”
Ngomong deui Bapa Uki, ”Bapa teh bungah kacida, sabab maraneh katenjo, dina peta nu kurenan, hidep jeung si Urkiah, salawasna lulus runtut, tara aya pacengkadan.
Jeung deui kapan Nyi Uki, eukeur boga kakandungan, beuki tambah atohna teh, suganna bae dikadar, nepi ka ngajuruna, ginanjar mulus rahayu,.bapa hayang milu nyaah.”
Eureun ngomongna Pa Uki, nyerebung haseup ududna, tuluy nginum cai lekoh, Marjuki gancang ngajawab, ”Leres sasaur bapa, kuring rumaos kaliru, diri kuring kajongjonan.
Isuk mah abdi rek indit, rek ngaburu ka kontrakan, ka Patuha-Wati bae, sugan kenging pagawean, neda dunga ti bapa, mun teu kenging bade terus, ka kontrakan anu lian.”
Nyi Uki ngomong ngalengis, ”Abdi mah alim ditilar, maksud arek milu bae, sabab tangtu moal kiat, mun dikantun ku Akang, kajeun milu usrak-asruk, tibatan kudu papisah.”
Gancang ngomong Ambu Uki, ”Nyai mah bet teu mupakat, milu ka nu nyiar gawe, maneh mah tunggu heulaan, di dieu reujeung ema, lamun akangna geus puguh, dumuk pagaweanana.
Tah kakara maneh indit, ku ema dijurung pisan, sanajan di mana oge, ema teh moal rek melang, tapi lamun ayeuna, eta larangan karuhun, balangsiar osok sial.”
Ngomong deui Bapa Uki, ”Bener pisan omong Ema, maneh kudu tunggu bae, ulah rek milu ayeuna, nyiar gawe sok sial, engke ge mun enggeus puguh, dipapagkeun ku akangna.”