Bapa ka Ema titip.”
Ambu Uki pok ngawangsul, ”Ku ema tangtu dijaring, ulah pisan rek sumelang, bapa ema tunggal wajib, ngariksa ngajaga anak, beurang sumawonna peuting.”
Dikira pukul sapuluh, Bapa Uki Ambu Uki, geus arasup ka enggonna, Ki Marjuki kitu deui, barang sup kaget kacida, Nyi Uki bet masih ceurik.
Sumegruk barina nyuuh, diusapan ku Marjuki, sarta bari diomongan, ”Poma Nyai ulah sedih, arek ditinggal ku akang, da lain pisan rek balik.
Taya lian nu dimaksud, pang akang isuk rek indit, maksud nyiar pagawean, eukeur makayakeun Uki, keur bapa reujeung keur ema, ulah nepi ka prihatin.”
Nyi Uki gancang ngawangsul, ”Yaktos ku abdi kaharti, sakumaha maksud Akang, pang ngantun sanes rek mulih, bade nyiar padamelan, tina nyaahna ka abdi.
Ngan abdi sanget nya bingung, raos karareueung teuing, lamun pisah sareng Akang, geus tangtu abdi teh gering, moal beunang ditambaan, terkadang nepi ka pati.”
Marjuki gabrug ngarangkul, ”Aduh Uki deudeuh teuing, ulah kitu nya pikiran, akang moal cidra jangji, ka Nyai arek bumela, ti lahir nepi ka batin.
Akang sumpah ka Yang Agung, pikir moal robah deui, tetep ati mikanyaah, miwelas sarta miasih, lara bagja babarengan, ti lahir tumekeng batin.”
Nyi Uki geus kitu nyuuh, kana lahunan Marjuki, ngomong bari dumareuda, ”Duh Akang nuhun teh teuing, lamun kitu patekadan, tetela panutan abdi.
Abdi sumpah ka Nu Agung, sanajan tepi ka pati, moal robah nya manutan, tetep langgeng mo’ gumingsir, menggah ka salira Akang, migusti lahir jeung batin.”
Ceuk Marjuki ”Atuh sukur, mun kitu pikiran Uki, tambah