Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teteg pikir akang, baris makayakeun Nyai, sarta bantuan neneda, muga-muga aya milik.”

Nyi Uki gancang ngawangsul, "Entong dipundutan deui, beurang-peuting moal pegat, muntang ka Gusti Yang Widi, dibarung bade tirakat, ku puasa nyenen-kemis.”

DANGDANGGULA

Nyi Urkiah reujeung Ki Marjuki, guntreng bae ngomong patembalan, sosonoan di jro enggon, nepi ka wanci subuh, sora manuk kadenge ricit, ear sora saeran, tanda tereh isuk, Ki Marjuki gancang hudang, jeung Nyi Uki mitohana kitu deui, Marjuki seug pamitan.

Tuluy indit bareng jeung Nyi Uki, Nyi Uki mah maksudna rek jajap, rek nepi ka jalan bae, nya eta tungtung lembur, sisimpangan Patuha-Wati, barang nepi ka dinya, gabrug silih rangkul, ngabetem pada teu ngucap, tina ngangres nu keur asih pada asih, kapaksa ku(téks teu kabaca) pisah.

Sanggeus lila ngomong Ki Marjuki, ”Pek ayeuna Nyai geura mulang,” Nyi Uki teh jongjon bae, kana dadana nyuuh, pageuh muntang barina ceurik, harita geus braybrayan, tereh isuk-isuk, Nyi Uki kakara lugay, tuluy balik tungkul bari nginghak ceurik, Ki Marjuki ngalimba.

Lila pisan ngajanteng Marjuki, cipanonna datang ka rambisak, ka Nyi Uki mencrong bae, caturkeun enggeus jauh, geus teu awas ku Ki Marjuki, kakara tuluy mangkat, leumpangna teh rusuh, inggis sieun kabeurangan, leumpang gancang teu ari ku balas malik, ngalieukan bojona.

Taya deui nu dipake risi, anu matak haben dilieukan, inggis bisi bojona teh, balikna henteu tulus, ti pandeuri nuturkeun deui, barang enggeus tetela, yen Nyi Uki terus, kakara jongjon leumpangna, enggeus jauh ngaliwat legok jeung pasir, geus deukeut ka kontrakan.

9