Tengah jalan ngarandeg Marjuki, inget deui ka dosa ka tukang, pikir risi mandeg-mayong, cek hatena mun terus, ka kontrakan Patuha-Wati, palangsiang di kontrak, geus nyampak nu nyusul, ka mana aing nya ngejat, tangtu pisan awak nyandangan tatali, ku pulisi katewak.
Tuluy bae nyimpang Ki Marjuki, kana jalan nu ukur satapak, paranti jalan norobos, terusna ka Naringgul, teu ngaliwat Patuha-Wati, kebat bae leumpangna, turun unggah gunung, mun manehna kaburitan, osok mondok naek kana luhur kai, ngajaga sato galak.
Subuh-subuh tuluy indit deui, kitu bae lalampahanana, leumpangna maju ka kulon, enggeus meunang saminggu, Ki Marjuki ti waktu indit, jlog datang ka Cibadak, reg eureun di warung, keur manehna dadaharan, aya jalma limaan nu eureun deui, hareupeun warung tea.
Nyarita yen arek arindit, kula-kuli ngambah tanah sebrang, malah cenah baturna teh, geus aya dua puluh, poe isuk arek arindit, ngajugjug Tanjungkarang, bawah tanah Lampung, sabab harita di dinya, eukeur nyieun palabuan kapal-api, anu nyambung jeung Anyar.
Ku lantaran kurang anu kuli, bangsa mandor rea anu nyiar, nu kuli ti dieu bae, ari gawe nu baku, ngali taneuh sarta dikubik, demi boronganana, bejana nu tangtu, dina sameter kibikna, jeung ngunjalna ratana limablas ketip, ngitung enteng-banggana.
Lamun urang pareng aya milik, cageur badan geus tembong untungna, di jero sabulan oge, lima puluh mah nyaku, sesa urang dahar jeung meuting, geura seug di dieu mah, gawe anu kitu, dina sameter kibikna, paling negtog ngan saukur lima ketip, wungkul beak ku hakan.”
Bari jongjon dahar Ki Marjuki, ngadengekeun anu cacarita, ngomong dina jero hate, ”Aing ngarasa untung, pilampaheun ayeuna manggih, sangkan salamet badan, aing kudu milu, sabab di tanah peuntas mah, taya peta diri aing teh kapanggih, ku jalma nu neangan.
Sanajanna aing ti leuleutik, tacan nyorang gawe anu badag,