lantaran kolot ngamongmong, tapi ayeuna tangtu, enggeus tepi ka titis tulis, kapaksa kudu kuat, diajar buburuh, nyabak kana gawe badag, rek wayahna narima ka takdir diri, itung-itung diajar.”
Ki Marjuki ngareret ka gigir, ka nu eukeur cacarita tea, pok bae manehna ngomong, ”Kuring ngarasa untung, reh ayeuna parantos nguping, sakur carios Emang, yen di poe isuk, Emang bade arariang, kuli-kuli ngaborong jeung kuli ari, di tanah Tanjungkarang.
Kuring oge geus lami nya mikir, hayang terang rek ka Tanjungkarang, tina di dieu geus weleh, kabeh kontrak dijugjug, tapi lapur teu acan hasil, henteu mendak lowongan, jadi tambah napsu, rek nyiar ka tanah sabrang, sugan bae aya milik jisim kuring, bisa hasil nya maksad.
Sabab lamun kudu balik deui, ka rorompok bet ngarasa era, teu wantun tepang jeung kolot, nu matak wuwuh napsu, najan jauh kuring teu risi, ngan aya saperkara, nu jadi kabingung, bekel ayeuna geus sapat, wantu-wantu ngider teh parantos lami, ti rorompok nya iang.”
Aliwana ngomong ka Marjuki, ”Sukur Ujang lamun aya manah, hayu urang bareng bae, ongkos mah entong bingung, da Mamang ge nu matak indit, lain ongkos sorangan, aya nu nanggung, anemer ti Tanjungkarang, nu ka dieu ngahaja neangan kuli, ayeuna ge rek datang.”
Bari nunjuk ”Itu geuning sumping, Mas Anemer Wiriadinata,” kabeh jalma pada nolol, riab bijil ti warung, nyalampeurkeun anemer sumping, Mas Wiria popoyan, ka jalma nu kumpul, kieu omong Mas Wiria, ”Isukan teh urang sarerea indit, kareta jam dalapan.
Jadi omat ku pamenta kuring, pukul tujuh kudu geus sadia, maregat di halteu bae, jumlah jalma salikur, kuring pasrah ka Emang Ali, poma ulah nyalahan,” Ki Ali ngawangsul, ”Nyuhunkeun hibar Juragan, engke sonten ku mamang diwawar deui, supaya saradia.