Sareng aya pihatureun deui, ieu Ujang bet aya maksadna, upamina katampi teh, bade ngiring ka Lampung,” Mas Wiria tuluy ningali, ka Marjuki mariksa, Mun enya mah sukur, Ayi aya manah nyebrang, akang butuh teu aya keur jurutulis, sugan Ayi keresa.”
ASMARANDANA
Leuwih bungah Ki Marjuki, nguping omong Mas Wiria, gancang manehna ngawalon, ”Nuhun pangasih Juragan, ka abdi kersa nampa, wirehing maksad ti lembur, seja nyiar pakulian.
Dupi indit teh geus lami, ngider- mapay-mapay kontrak, mung bae parantos weleh, henteu kenging padamelan, sakalintang sesahna, kawuwuh nu jadi bingung, bekel prantos sapat pisan.”
Mas Wiria ngomong deui, ”Eta mah perkara gampang, uninga di beres bae, ngan asal enya keresa, nyebrang ka Tanjungkarang, pendekna mun Ayi nurut, sakumaha maksud akang.
Tatapi akang teh jangji, tina pasal pangasilan, eta tacan bisa tangtos, engke kumaha buktina, ngan pikeun ayeuna mah, sagala rupa ditanggung, ongkos jalan ongkos dahar.
Sarta ulah risi-risi, Ayi henteu kudu mayar, ieu teh lain persekot, estu akang maksud hajat, ngan sugan ka hareupna, lamun Ayi enggeus puguh, sarta terang padamelan.
Ku akang tangtu ditaksir, pikeun pigajiheunana, akang henteu rek nyecepo, tanwande ditimbang-timbang, sakumaha pantesna, kumaha Ayi teh sanggup, sarta arek dilakonan?”
Ngawangsulan Ki Marjuki, ”Eta mah sadaya-daya, sim abdi ngiringan bae, katampi ge bara-bara, bingah barebu laksa, mugi-mugi lulus runtut, ngarencangan ka Juragan.”
Mas Wiria suka seuri, ngupingkeun kitu jawabna, ngomong dina jero hate, ”Kacida pisan hadena, hate ieu jelema, cacakan katek patepung, aing geus boga karunya.”
Mas Wiria ngomong deui, ”Nuhun upama kitu mah, akang teh