Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kaliwat atoh, Ayi kersa ngabaturan, meuntas ka Tanjungkarang, jeung ti mana lembur matuh, kitu deui nya jenengan.”

Ku Marjuki geus dipikir, moal rek sabalakana, sababna timburu hate, bisi eta Mas Wiria, campur jeung pulisian, gancang manehna ngawangsul, ”Lembur abdi tebih pisan.

Ti desa Babakanjati, ti Bandung ge masih ngetan, ngaran abdi geus digentos, waktu bijil ti sakola, nelah Surawinata, sareng parantos pahatu, henteu indung henteu bapa.”

Mas Wiria ngangres ati, kacida pisan watirna, nguping omong Marjuki teh, tina bisana nyarita, rengkuh jeung hade basa, henteu aya budi luhur, sumawon tingkah polahna.

Ku lantaran mindeng manggih, bangsa barudak ngarora, dina jaman harita ge, rea nu Juhur tincakna, boh tata boh basana, anu pangartina tanggung, ngarasa taya kakurang.

Mas Wiria ngomong deui, ”Akang kacida bungahna, mun kitu manah Ayi teh, mangga urang rereongan, babarengan usaha, sugan bae aya untung ngudag milik anu halal.

Ayeuna mah Emang Ali, mangga bae geura mulang, ari kuring isukan teh, ti Sukabumi rek iang, kareta nu kadua, nu inditna pukul tujuh, di dieu pukul dalapan.”

Geus kitu bubar arindit, balik ka pondok-pondokna, Mas Wiria maju ngaler, Ki Marjuki henteu tinggal, arek muru kareta, ka halteu Cibadak cunduk, kareta ti Bogor datang.

Mas Wiria jeung Marjuki, geus unggah kana kareta, caturkeun gancangna bae, ka Sukabumi geus datang, imahna Mas Wiria, gede pisan sarta alus, aya di lembur Cipelang.

Badami nepi ka peuting, Mas Wiria jeung Ki Sura, hal aturan nyekel gawe, keur engke di Tanjungkarang, sangkan dina waktuna, lamun geus datang ka ditu, kari prak reujeung beresna.

Isukna burudul indit, Mas Wiria jeung Ki Sura, muruna ka setasion, diiring ku pirang-pirang, jalma anu rek nyebrang, jumlah aya genep puluh, ti Sukabumi geus mangkat.

13