Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ka Cibadak enggeus nepi, di dinya enggeus kasampak, jalma nu dua puluh teh, kapalana Aliwana, kabeh tuluy arunggah, jumlahna dalapan puluh, jelemana Mas Wiria.

Gancangna anu digurit, henteu kocap di jalanna, caturkeun geus nepi bac, kana tempat pakulian, nagara Tanjungkarang, kabeh jalma geus diatur, pikeun pamondokanana.

Dina sapoe-sapeuting, sarerea ngaso heula, reureuh tacan maju gawe, barang kadua poena, tuluy ngamimitian, jalma nu dalapan puluh, geus pada baroga hanca.

PANGKUR

Ari Ki Surawinata, gawena teh tetep jadi jrutulis, gawena henteu pajauh, ngingintil Mas Wiria, nyekel patlot bari nungtut muka buku, nyatet nu digawe tea, bagian sahiji-hiji.

Reujeung sajaba ti eta, milu nyaksi hal aturan ngabagi, bagianana nu tangtu, hiji-hijina jalma, Mas Wiria anu merean jeung ngukur, kitu bae saterusna, Ki Sura enggeus ngaharti.

Mas Wiria bungah pisan, reh Ki Surawinata geus mangarti, beunang dipercaya ngurus, ngabagi pagawean, tara salah sarta getol nuduh-nuduh, ka nu digarawe tea, supaya henteu mubadir.

Ulah keuna ku panyawad, jalma-jalma pada saruka ati, digawe pasuhud-suhud, inget kana buruhan, lamun getol geus tangtu manehna untung, rata-rata sapoena, merdika meunang saringgit.

Mas Wiria henteu kendat, saban peuting ka Ki Sura pepeling, pokna ”Akang leuwih nuhun, sabab Ayi ayeuna, kana gawe katenjona leuwih suhud, sarta carang pisan salah, tandana Ayi geus ngarti.

Ngan sanget paneda akang, poma-poma ulah serong nya pikir, niat ka kuli rek malsu, tekad ngarah ngarinah, dina ngukur ulah pisan rek kaliru, da kapan aturanana, Ayi oge enggeus ngarti.

Akang teh masih salempang, bisi bae balangah teu ati-ati,

14