lamun salah dina ngukur, leuwih sumawon kurang, eta tangtu matak ngajadikeun kusut, ka jalma reujeung ka urang, geura hempek bae pikir.
Mun bagian saurangna, cek Ayi teh aya sameter kibik, padahal eta teh langkung, najan jalma teu terang, tapi lampah urang nu kitu teh palsu, ngarinah ngarah ka jalma, teu matak salamet diri.
Sumawonna lamun kurang, geus tetela eta urang nu rugi, pamenta akang sing emut, supaya saterusna, ngurus jalma ulah serong ulah palsu, sangkan urang salilana, meunang rezki nu iseli.
Sabab ieu pagawean, geura mangga timbang bae ku Ayi, mo salse ku tilu taun, ku timbangan akang mah, paling gancang dina jero lima taun, sabab pagawean bangga, kudu ngurug reujeung ngali.
Kudu sing cengeng pikiran, muga-muga bae sing aya hasil, akang jeung Ayi sauntung, akang nu ngaborongna, atuh Ayi tetep anu purah ngurus, masing nyaah sarta heman, ka kabeh jalma nu kuli.
Sangkan maranehanana, suka betah tetep di urang kuli, lamun henteu bisa kitu, sok mindeng kajadian, nu karuli teu betaheun tuluy kabur, marulang henteu bebeja, geus tangtu urang nu rugi.”
Marjuki seug ngawalonan, ”Kasauran Juragan geus kakuping, hatur nuhun laksa rebu, pertawisna Juragan, ka abdi teh miwelas anu saestu, abdi sumpah Demi Allah, moal arek gindi pikir.
Abdi ka dieu pang dongkap, taya sanes Juragan nu diiring, mugi-mugi lulus-mulus, enggoning kumawula, kapan abdi kapungkur enggeus miunjuk, henteu indung henteu bapa, abdi parantos nunggelis.
Saupami kamanah mah, maksad abdi henteu rek ingkah deui, sanajan satutup umur, mo incah balilahan, najan lara tanwande abdi tumutur,” ngawalonan Mas Wiria, ” Aduh Ayi nuhun teuing.
Ti semet peuting ieu mah, pikir akang tetep mo’ robah deui,