hidep teh diaku dulur, dulur dunya aherat, ongkoh urang eukeur reureujeungan hirup, anjaclang di pakulian, tinggal asal moro asil.”
MIJIL
Tunda heula lalakon Marjuki, malikan carios, Nyi Urkiah keur waktu balik teh, ku lantaran Marjuki indit, ngangres ngenes ati, cipanon murubut.
Sajajalan nyegruk bae ceurik, leumpangna teu jongjon, balas eureun jeung ngahuleng bae, pikirna teh kaliwat sabil, aya arek balik, aya arek milu.
Dilieukan sugan Ki Marjuki, masih keneh tembong, tapi weleh diawas-awas ge, Salakina teu tembong deui, ingetan Nyi Uki, tangtu enggeus jauh.
Nyi Urkiah terus bae balik, rampual-rampeol, badan lesu ngarasa lalungse, ati sedih nyorang prihatin, pias siga mayit, lir dipupul bayu.
Ka imahna caturkeun geus nepi, sup asup ka enggon, segruk ceurik ngabangingik bae, Bapa Uki harita geus indit, reujeung Ambu Uki, ka huma maracul.
Nyi Urkiah nginghak bae ceurik, inget henteu petot, peurih nyeri lantaran pisah teh, saumurna kakara manggih, bangetna kanyeri, anu cara kitu.
Bari ceurik sasambat Nyi Uki, ”Akang muga antos, naha mana ka diri abdi teh, bet iklas tega teh teuing, naha henteu watir, ka nu keur dikandung.
Abdi henteu sanggem lami-lami, nandangan prihatos, aduh akang kumaha abdi teh, lamun kieu enggeus pinasti, diri ngajangjawing mikiran kabingung.
Mugi-mugi akang ulah lami, abdi ngantos-ngantos, pamaksadan hayang ngiring bae, ati gilig iklas teh teuing, melaan salaki,