kajeun ngantun lembur.
Duh Pangeran anu sipat Rahim, mugi mihawatos, enggal-enggal salaki abdi teh, mendak damel sarta teu tebih, supanten sim abdi, bisa enggal milu.”
Bapa Uki reujeung Ambu Uki, daratang ti kebon, kaget pisan manehna ngadenge, Nyi Urkiah keur ngabangingik, ngomong Ambu Uki, ”Nyai ulah kitu.
Teu euweuheun nu boga salaki, bet kakara nenjo, anu cara kalakuan maneh, kapan bukti salaki Uki, pang manehna indit, lain arek kabur.
Atawana nyerahkeun ka Nyai, geuning enggeus ngomong, rek neangan sugan meunang gawe, nu dijugjug Patuha-Wati, lamun enggeus manggih, tangtu buru-buru.
Jang Marjuki mapagkeun ka Uki, ayeuna sing jongjon, maneh ulah arek ceurik bae, anggur manteng neneda ka Gusti, masing tereh manggih, gawe anu tangtu.
Manasina urang jalma sugih, dahar ngan kari kop, tangtu pisan salaki maneh teh, sina cicing moal diperedih, indit kula-kuli, ka kontrak buburuh.
Kapan urang sakieu geus bukti, remen pisan ngongkrong, kurang dahar sumawonna pake, tambah jiwa sahiji deui, nya eta Marjuki, atuh wuwuh ripuh.
Keur dahar ge mun bapa teu kuli, tangtu mindeng ngongkrong, sumawonna bisa ganti pake, ku ema teh henteu dipikir, asal eusi peujit, geus ngarasa untung.
Sumawonna ayeuna geus bukti, bapa teh geus kolot, enggeus kurang tanaga digawe, mun geus nombro mo saha deui, anu boga wajib, kajaba minantu.
Anu matak wajib ti kiwari, ulah jongjon-jongjon, ngeunah-ngeunah hayang senang bae, akangna teh kudu diperdih, sina nyiar rezki, pibekeleun hirup.
Tah ayeuna Marjuki geus indit, Uki kudu atoh, muga-muga