salaki Uki teh, masing gancang meunangna milik, sarta nu iseli, pikeun bekel hirup.
Kitu deui muga Jang Marjuki, tekadna sing jongjon, tetep manteng nyaahna ka maneh, sumawonna ayeuna bukti, keur baris panarik, ku maneh dikandung.”
Ka indungna ngawalon Nyi Uki, ”Leres geus kahartos, sakumaha saur Ema kabeh, mugi Gusti nu Maha Suci, ngaganjar Kang Juki, sing mulus rahayu.”
SINOM
Ti wates waktu harita, pikiranana Nyi Uki, beuki ngurangan aralna, budina marahmay deui, henteu Katara sedih, sarta terus mantu-mdntu, kana gawe indungna, anu biasa sasari, nutu ngejo jeung pulang-anting nganteuran.
Sarta sok terus mantuan, kana gawe nu sasari, ngaseuk jeung ngored di huma, wantu tuman ti leuleutik, digawena Nyi Uki, teu ngawagu tambah suhud, sabab pikiranana, mun cicing sok datang sedih, itung-itung ngabangbrangkeun kasusahan.
Sabab ari ti peuting mah, manehna sok mindeng nyaring, nyileuk tara sasarean, inget bae ka salaki, jeung teu kendat mumuji, neda-neda ka Yang Agung, supaya nu keur nyaba, ginanjar wibawa mukti, gancang hasil sakur pamaksudanana.
Enggeus cunduk ka waktuna, ngajuru bae Nyi Uki, tur salamet duanana, ari bayina lalaki, Pa Uki Ambu Uki, bungahna kaliwat langkung, ngarasa bagja pisan, geus boga incu lalaki, pikirna teh lalaki mah leuwih kuat.
Bisa dijieun tanggelan, upama baring supagi, mun manehna geus teu kuat, macul ngored mabad jami, ka saha titip diri, lian ti ka anak-incu, kitu pikiranana, Ambu Uki Bapa Uki, sarta pada ne neda ka Nu Kawasa.
Pamugi-mugi incuna, ulah pinanggih ririwit, pait daging