pahang tulang, padang ati caang pikir, dikadar parek rezki, lulus mulus panjang punjung, sarta bisa Tumawat, mulasara nini-aki, kitu bae beurang-peuting panedana.
Sumawonna Nyi Urkiah, bungahna teh lain deui, geus galib di sarerea, anakan barang mimiti, pikiran jadi hiji, gulung ka anak kayungyun, diais dititimang, leungit kasedih prihatin, kabangbrangkeun ku kani’mat nyoo anak.
Tatapi pikima heran, teu kaharti ku salaki, taya beja-beja acan, sumawon datang pribadi, naha kitu can manggih, pagawean anu tangtu, naha ka mana jigna, palangsiang terus balik, enggeus tega ka anak ka pamajikan.
Tapi sageuy da geus sumpah, ka aing arek miasih, taya peta pipisahan, nyerahkeun pon kitu deui, aing mah komo deui, sanajan mang taun-taun, mo unggut kalinduan, hate aing moal gingsir, tetep manteng nya manutan ka manehna.
Kitu bae saendengna, pikiranana Nyi Uki, sarta henteu pegat-pegat, ngadadago beurang-peuting, tapi mungguh salaki, matak bingung anu nunggu, bingbang nu ngadagoan, bulan deui taun deui, ku itungan geus opat taun lawasna.
Ableng bae henteu datang, geus henteu dipikir deui, Nyi Uki jongjon usaha, kuli metik enteh deui, nya di Patuha-Wati, cara lampahna kapungkur, ku lantaran anakna, ti leuleutik anu ngatik, dimemenan diasuhna ku ninina.
Jadi tetep eta budak, miindungna teh ka nini, ka indung tara ngahalang, indit tara matak pusing, kamelang jadi leungit, ngantun antara saminggu, sababna Nyi Urkiah, dina saminggu sakali, sok merlukeun mulang heula neang anak.
Lantaran di kontrakan mah, dina saminggu sakali, nu karuli dibayarna, jadi sawareh nu kuli sok aya anu balik, pasosore poe Saptu, sabadana bayaran, Nyi Uki ge kitu deui, saban malem Ahad tepung jeung anakna.
Kakocapkeun di kontrakan, geus loba pisan lalaki, bangsa mandor reujeung bujang, nu hayangeun ka Nyi Uki, sabab rupana