Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geulis, manis sarta ampuh lungguh, asup kana babasan, anak hiji keur gumeulis, tatapina taya anu dilawanan.

Ku Nyi Uki geus kacipta, maksudna eta lalaki, ngan wungkul arek ngahina, karepna rek ngarurujit, nu matak ku Nyi Uki, kabeh teu dibere semu, sumawon dilayanan, najan teu dibere budi, keukeuh bae loba jalma nu ngagoda.

Anu geus beak akal mah, kabeh tarekah teu hasil, tungtungna mah terus terang, wakca balaka rek ngawin, tapi masih ditampik, cek Nyi Uki, ”Ulah kitu, abdi teh sanes lagas, da puguh gaduh salaki, mung ayeuna henteu aya eukeur nyaba.”

Ngan kitu bae jawabna, ka unggal-unggal lalaki, teu beunang ku dibibita, digoleran rupi-rupi, pakean reujeung duit, diwuwuh ku saur alus, tatapi Nyi Urkiah, tetep henteu owah gingsir, manteng langgeng sumujud ka salakina.

Lain wungkul di kontrakan, malah ka desa ka sisi, rea bujang nu kagendam, nu rarabi kitu deui, lantaran taya deui, anu jadi tungtung saur, dipake kacapangan, ”anu manis mah Nyi Uki”, kacaturkeun lurahna di desa eta.

Manehna geus meunang beja, hal dina rupa Nyi Uki, ayeuna beda pesatna, jadi geulis turta manis, awakna ngajalantir, bubudenna matak lucu, mun hantem diawas-awas, beuki leleb beuki manis, rengkak tincak rindat matak kaedanan.

Pikiranana Mas Lurah, naha asa bodo teuing, da kapan eta jelema, aya di bawahan aing, nyasat aing nu nyangking, nyaah lamun kop ku batur, sanggeus kitu Mas Lurah, ti imahna tuluy indit, bebejana ka bojona rek ngaronda.

Mariksa ka Pasirloa, lilana rek tilu peuting, lantaran jauh kacida, ayana di tepis wiring, ka Ki Lurah nu ngiring, ngan saurang tua-kampung, anggang mo burung datang, ka kampung Pa Uki nepi, tuluy bae Mas Lurah teh gegeroan.

”Pa Uki aya di imah?” Kaget pisan Bapa Uki, nonjol ti imah ka luar, barang gok teh cek Pa Uki, ”Aeh Juragan geuning, sareng aka tua-kampung, mangga Juragan lenggah,” Ngomong deui Bapa

20