Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Uki, ”Uki! Uki! ka dieu mawa amparan.”

Nyi Uki gancang ka luar, bari ulat semy isin, di tepas ngamparkeun samak, imut gancang asup deui, Lurah mencrong jeung seuri, hatena mah renghap ranjug, ngomong jero pikirna, naha henteu nyana teuing, Nyi Urkiah bet jadi tegep rupana

Aing panasaran pisan, lamun henteu kapimilik, gek diuk ngomong Mas Lurah, sarta bari nyoo kumis, ”Kieu geura Pa Uki, pang kaula muru-muru, hayang terang nu enya, hal kaayaan Nyi Uki, bet bejana salakina kakaburan.”

”Malah prantos lami pisan,” kitu tembal Bapa Uki, ”dina itungan abdi mah, kinten opat taun leuwih, ti sabarangna indit, sakalintang matak bingung, teu beja-beja acan, sumawon datang pribadi, lep les pisan henteu aya hawar-hawar.

Kawas jalma henteu waras, buktina teu boga pikir, teu nolih ka pamajikan, ayeuna katambah deui, gaduh pecil lalaki, waktu indit keur dikandung, kakara genep bulan, bapa geus weleh ngilari, unggal kontrak nu caket mah geus dipapay.

Tapi weleh teu kapendak, tina panasaran abdi, miang ka Sukanagara, nanging tetep teu kapanggih, jadi taksiran abdi, nu burung teh tuluy ngencul, mantog ka gogobrogna, enggeus moal lepat deui, da buktina enggeus sakieu lamina.”

Pok ngomong deui Mas Lurah, ”Kaula teh banget risi, bet teu ngeunah dedengean, hiliwir bawaning angin, urang Patuha-Wati, jeung bujang-bujang di kampung, ka Uki pada hayang, malah rea nu rek ngawin, tatapina ku Uki teu dilawanan.”

Ngomong Nyi Uki ti imah, ”Tangtos bae moal nampi, Juragan langkung uninga, abdi teh gaduh salaki, najan parantos lami, ka lembur teu wangsul-wangsul, abdi teu maksad nirca, nganyenyeri ka salaki, nyaah temen badan mun nyorang doraka.”

Nu kaleungitan caroge I
21