PANGKUR
Pa Uki gancang nambalang, ”Euweuh jalan pikeun doraka diri, maneh mah dasar belegug, bodo taya panalar, ka jelema nu kitu keukeuh sumujud, mun bener pikiranana, saadat anu rarabi.
Tetela matak doraka, da ieu mah di lebah si Marjuki, kaasup jalma teu puguh, boa eta teh bangsat, jalma buron ngadon ka urang nyalindung, bukti sieun di nu caang, karesepna di nu suni.
Coba ku maneh bandungan, salilana Marjuki ti tas kawin, siga nu ngandung kabingung, teu daek pisan lunta, paling undur jeung maneh ka tempat singkur, karesepna leuleuweungan, tandana jalma teu uni.
Di dieu teh salilana, di sajero dalapan bulan leuwih, wungkul bapa anu ripuh, unggal poe maraban, abong-abong nu burung teu gableg pucus, teu gableg pisan kaera, gawe ngan molor jeung ulin.”
Ngawalonan Nyi Urkiah, ”Aeh Bapa naha kacida teuing, ngawonkeun anak minantu, naha geus lali pisan, kapan Bapa nampi langkung tilu puluh, mayar pajeg mayar hutang, duitna ti Kang Marjuki.
Sareng sajaba ti eta, kapan eta pare nu dipake binih, sareng anu sok ditutu, dipake bekel urang, duitna teh ti Akang Marjuki wungkul, meuli kaway meuli samak, kabeh rezki Kang Marjuki.”
Ngabetem Bapa Urkiah, henteu bisa ka anak jawab deui, gawena nyerebung udud, ngomong deui Mas Lurah, ”Akang rempug kana pikir Nyai kitu, ka salaki kudu nyaah, sabab hemanna geus bukti.
Ayeuna akang rek nanya, cing kumaha ku pamikir Nyi Uki, lantaran geus opat taun, Marjuki henteu datang, naha Nyai tetep bae rek sumujud, sarta Uki boga sangka, Marjuki rek balik deui.”
Ngawalonan Nyi Urkiah, ”Hate abdi teu pisan owah gingsir,