Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka salaki nya sumujud, carek wiwilanganana, sumawonten karek opat-lima taun, dalah dongkap ka muluhan, abdi moal robah pikir.”

Pok ngomong deui Mas Lurah, ”Na’ kumaha lamunna Ki Marjuki, ayeuna enggeus dikubur, mulang ka Rahmatullah, hate Nyai keukeuh bae rek sumujud,” ngawalonan Nyi Urkiah, ”Tetep lamun teu kasaksi.

Kasaksi ku abdi pisan, atawana ku wartos anu sidik, ulah ngan panyebut wungkul, abdi moal percaya, mun teu acan katingal tempatna ngubur, sinareng saksi-saksina, kabeh jalma nu utami.”

Pok ngomong deui Mas Lurah, ”Bener pisan tapi kudu dipikir, upama puluhan taun, Marjuki henteu datang, saha atuh ka Uki nu baris ngurus, tambah-tambah boga anak, hakan pake kapan misti.”

Ngawalonan Nyi Urkiah, ”Teda pake ku abdi teu dipikir, abdi teh ngarasa untung, cageur jeung jagjag awak, henteu era abdi ka kontrak buburuh, da biasa ti bubudak, kuli metik ti leuleutik.”

Pok ngomong deui Mas Lurah, ”Bener pisan eta omongan Uki, tatapi akang teu nanggung, sabab ieu perkara, awal ahir tangtu ngajadikeun rusuh, malum anu panasaran, leungit asih bijil dengki.

Bubuhan akang lurahna, perlu pisan ka Uki teh mepeling, sarta akang wajib ngurus, kaamanan di desa, supayana ulah ka jadian ribut, ayeuna timbangan akang, ku Nyai kudu dipikir.

Teangan kasalametan, perlu pisan Uki boga salaki, keun bae akang ge sanggup, nanggung ongkos rapana, pendekna mah diunjuk ka nu ti payun, asal Nyai bae suka, ku akang arek dikawin.”

Nyi Uki tungkul ngajawab, ”Duh Juragan nuhun balaksa keti, reh galih Juragan kitu, pertawis mikawelas, amung abdi nyanggakeun sewu bebendu, pamugi-mugi Juragan, teu kersa maksa ka abdi.

Wireh abdi gilid pisan, seja tetep gumusti ka salaki, sanajan

23