Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

satutup umur, dongkap ka puput nyawa, ku lantaran dikaniaya ku batur, abdi suka lilah pisan, batan cidra ka salaki.”

Ngahuleng bae Mas Lurah, sajongjongan teu bisa ngomong deui, lantaran ngarasa bingung, enggeus beak akalna, udud manyun kuntung enggeus ngunung-ngunung, Mas Lurah tuluy ka luar, indit henteu make pamit.

Pikirna ngenes kacida, ku lantaran ku Nyi Uki ditampik, pok ngomong ka tua-kampung,"Apung kuma akalna, si Urkiah ka dewek teh henteu purun, na maneh sasanggupanan, ati-ati mun teu hasil.”

Tua-kampung pok unjukan, ”Ku emutan akalna taya deui, sangkan Nyi Urkiah purun, ditikah ku Juragan, mamang sanggup rek nyieun aturan palsu, Juragan entong salempang, keun bae kumaha abdi.

Sageuy nepi ka teu beunang, mamang kerong lamunna henteu hasil, manawi di wengi isuk, ku mamang rek diajar, bawi raos najan pengkuh tangtu purun, pilakadar Nyi Urkiah, pengkuhna ngan wates biwir.”

Cek Mas Lurah ”Sukur Mamang, kula pasrah kana akal nu lantip, tangtu ku kula ditunggu, upama Nyi Urkiah, geus daekeun sarta purun dipihukum, kula boga pakaulan, rek meresen samping batik.”

Teu lila Mas Lurah mulang, tua-kampung ayeuna kocap deui, tengah peuting tuluy muru, ka imah Pa Urkiah, mawa batur dua jalma sararegut, ti pongpok imah ngetrokan, bari nyelukan Nyi Uki.

Kieu omong nu saurang, ”Uki Uki maneh kacida teuing, kami kakara saumur, bet meunang kanyerian, nala maneh bener ka ka kami teh embung, mun kami teu dilayanan, rasakeun pamales kami.”

Ari omong nu kadua, ”Aing oge ku maneh dinyenyeri, mun maneh ngaberung embung, pek rasakeun ku sia, geura tampa kami arek buru-buru, mayar hutang kanyerian, hutang peurih bayat

24