peurih."
Omong anu katiluna, leuwih sugal batan baturna tadi, pokna ”Lamun keukeuh embung, nampik sapajodogan, sia tangtu mo bisa nepi ka isuk, ku aing rek dipodaran, pek ku sia geura pilih.”
Nyi Uki reuwaseun pisan, dengek ceurik barina jerat-jerit, sasambatna tulung-tulung, bapana jeung indungna, karageteun hararudang jeung lulungu, maruru ka Nyi Urkiah, nanya aya naon Uki.
Cek Nyi Uki ”Aya bangsat, sidik pisan keur ngaromong di pipir,” keur kitu kabeh ngaranjug, tina reuwas kacida, sora batu ting hariung ting beledug, kana bilik jeung suhunan, gegeroan Bapa Uki.
Tulung tulung aya bangsat,” Ambu Uki jeung Urkiah jerat-jerit,teu lila datang ngaguruh, carekcok tatanggana, bari nanya ka Pa Uki semu gugup, ”Aya naon gegeroan,” diwalon ku Bapa Uki.
”Aya bangsat maledogan, geura ieuh mani ruksak imah kuring, pada nimbulan ku batu,” sakabeh tatanggana, nanya deui ”Naha bangsatna geus asup,” jawab Nyi Urkiah ”Tacan, da kuring kaburu nyaring.”
Tuluy Nyi Uki nyarita, ti mimiti barang manehna nguping, di pipir imah beh juru, nyelukan ka manehna, pili genti ngomong bengis sakalangkung, ngancam arek nganiaya,lantaranana ditampik.
Ku kuring teu dilayanan, kahayangna manehna arek ngawin,” ceuk tatanggana ”Mun kitu, tetela eta jalma, lain bangsat ngan nu pada ngandung napsu, tina panasaranana, geus ditampik ku Nyi Uki.
Ayeuna timbangan kula, isukan mah Pa Uki kudu indit, pupulih ka tua-kampung, supaya ditangkepan, jalma-jalma anu geus nyarieun ribut, ku urang kudu didakwa, sangkan ulah deui-deui.”
Caturkeun bae isukna, Bapa Uki jeung Nyi Uki geus arindit, di jalan henteu kacatur, kocap enggeus daratang, tuluy bae nyarita