ka tua-kampung, ditetek henteu kaliwat, kajadian peuting tadi.
MAGATRU
Gancang bae ngajawab Ki Tua-Kampung, ”Tuh geuning ayeuna bukti, ieu anak-anak ribut, nu jadi lantaran Uki, bongan teu nyaah ka kolot.
Sababna mah enggeus leuwih ti sapuluh, anu ku Uki ditampik, eta jelema geus tangtu, ngarasa wirang jeung peurih, lantaran henteu kalakon.
Kahayangna ka maneh arek mihukum, tapi ku Uki ditampik, pantes rek nyarieun kitu, mamang mah baringung teuing, pibereseun can katoong.”
Sajongjongan ngahuleng Ki Tua-Kampung, ”Tah ayeuna kula manggih, jalan supaya rahayu, taya lian ngan Nyi Uki, pacuan ulah bedegong.
Geuning Nyai ku juragan geus diwuruk, sing purun boga salaki, bisi kajadian kitu, sababna Joba lalaki, anu ka Nyai mibogoh.
Tah ayeuna ka saha Nyai nya purun, cing pilih bae ku Nyai, anu rek maksud mihukum, tapi kudu ati-ati, ulah jangji bae bogoh.
Cek mamang mah lamunna jeung Uki rempug, entong ka saha nya milih, mending ka Juragan Kuwu, supaya leungit karisi, sabab anjeunna mah jago.
Tangtu pisan kabeh jalma moal wantun, rek ngunghak ngarasa isin, mergahala pon nya kitu, cing kumaha Bapa Uki, lamun ka Juragan cocog.”
Bapa Uki ka tua-kampung ngawangsul, ”Atuh nyiar naon deui,” ngomong deui tua-kampung, ”Cing kumaha ari Uki, sapa-manggih bapa cocog.”
Nyi Urkiah ngaheruk bawaning bingung, inget bae ka salaki, ning ceurik basi sesegruk, nyambat-nyambat ka Marjuki, Pa Uki nyentak molotot.