Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Anggur leweh tibatan sia ngawangsul, bet henteu boga kaisin, cucud sia nurustunjung, cing geura pek sia miwir, bisi ku aing dibonggol.”

Nyi Urkiah sieunna kaliwat langkung, nenjo bapana jejebris, gancang manehna ngawangsul, tapina ngan wates biwir, jeung hate mah henteu cocog.

”Ayeuna mah kapaksa da kudu purun, nya mangga abdi teh ngiring, daek ka Juragan Kuwu, ku lantaran diri abdi, anjeunna anu ngawengkon.”

Beak karep bungahna Ki Tua-kampung, sumawonna Bapa Uki, sababna baris minantu, juraganana pribadi, anu wajib mihawatos.

Sanggeus kitu omongna Ki Tua-kampung, ”Ayeuna mah Bapa Uki, jig geura mulang ka lembur, kula mihape Nyi Uki, ulah robah deui omong.

Ari kula ayeuna rek buru-buru, ka juragan rek pupulih, yen Nyi Uki enggeus purun, ku juragan mun dikawin, dijieun garwa nu anom.”

Nyi Urkiah jeung bapana enggeus tuluy, barang datang Bapa Uki, ka pamajikan cacatur, yen ayeuna mah Nyi Uki, rek nurut kahayang kolot.

Turug-turug urang teh leuwih nya untung, nu rek mihukum si Uki, nya eta Juragan Kuwu, asa kabeneran teuing, bet mobok manggih gorowong.

Saheunteuna meureun ka urang teh ngurus, moal kabalangsak teuing, aya geusan sumalindung, ka minantu titip diri, kawantu urang geus kolot.”

Cek bojona bari ngalalahun incu, ”Kuring atoh liwat saking, Nyi Uki ayeuna purun, tanda geus babalik pikir, jadi garwa anu anom.

Ngan kuring mah tetep dina jero bingung, kapan eta teh si Uki, masih keneh dipihukum, nya eta ku Jang Marjuki, sok sieun

27