Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ahirna awon.“

Bapa Uki nyentak barina tutunjuk, “Montong loba teuing biwir, Juragan Lurah nu ngurus, supaya talak Marjuki, ka si Uki bisa lesot.”

Tunda heula Pa Uki nu keur wawadul, ka bojona Ambu Uki, Nyi Uki anu dicatur, waktu manehna keur balik, leumpang rampual-rampeol.

MASKUMAMBANG

Sajajalan henteu eureun-eureun ceurik, cipanon rambisak, disusutan bijil deui, mani cipruk saputangan.

Barang datang ka imah teu tata deui, bawaning teu tahan, nahan kasedih prihatin, goak ceurik lolongseran.

Sasambatna ”Aduh aduh Kang Marjuki, kumaha petana, diri abdi nyeri peurih, teu kiat nandang kasusah.

Naha akang ka abdi bet iklas teuing, sakieu lilana, naha henteu geura sumping, akang ayeuna di mana.

Naha atuh teu hoyong geura ningali, rupa anak urang, ayeuna geus resep ulin, geus bisa bapa-bapaan.

Aduh akang cing sing enggal geura mulih, abdi teh dipaksa, kudu daek bae kawin, kumaha atuh petana.”

Ku indungna dihantem dirarah-ririh, sarta dilelejar, sangkan pikirna Nyi Uki, asrah-pasrah kana kadar.

Cek indungna ”Aduh Uki deudeuh teuing, Nyai kitu peta, ema teu ngabibisani, maneh teh gede duriat.

Saenyana ku ema remen kapanggih, nu gede duriat, boh awewe boh lalaki, sok goreng pisan tungtungna.

Di lalaki ana geus manggih kanyeri, lamun beak akal, osok tega kana pati, datang ka wani maehan.

28