Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di awewe ku ema anu kapanggih, nu gede duriat, kaedanan ku salaki, atawa ku popotongan.

Mimitina manehna teh edan biwir, ahir edan enya, atawa iklas ka diri, maehan diri sorangan.

Ayeuna mah pamenta ema ka Nyai, sing sabar tawekal, pikir teh ulah katarik, ku napsu perbawa setan.

Ema banget neneda ka Maha Suci, maparin nugraha, Uki dipaparin eling, ulah sasab pipikiran.

Tah ayeuna ku lantaran Jang Marjuki, henteu datang-datang, enggeus opat taun leuwih, ku Uki kudu ditimbang.

Pang kitu ge boa teuing Jang Marjuki, geus euweuh duriat, taya pikir balik deui, kawantu jelema ngora.

Turug-turug kapan ku urang kasaksi, bapana si Ujang, lain jalma urang sisi, tetela yen urang kota.

Tangtu pisan ayeuna geus boga deui, pamajikan anyar, meureun manehna teh milih, anu tegep jeung babadna.

Sabalikna urang kudu boga pikir, sing rasa rumasa, jalma laip urang sisi, walurat taya kaboga.

Taya pisan pikeun nu jadi panarik, teu banda teu rupa, geura pek ku maneh pikir, urang sing boga kaera.

Tah ayeuna pamenta ema ka Uki, geus tong dipikiran, micinta Ujang Marjuki, ulah sok ambon sorangan.

Ku timbangan ema cadu balik deui, nu matak ayeuna, ku maneh kudu kaharti, masing nyaah kana badan.

Reujeung deui ku Uki kudu dipikir, sing nyaah ka anak, ka kolot pon kitu deui, saha anu baris bela.

Euweuh deui tanggelan ema ngan Nyai, da puguh ayeuna, ema bapa enggeus bukti, sakieu nya karipuhan.

Ceuk ema mah darajat maneh teh leuwih, sabab bukti pisan, rea anu hayang ngawin, anu rek nyaah ka awak.

Tambah-tambah ayeuna mah enggeus sidik, Agan Lurah

29