pisan, anu misudi ka Nyai, na rek nyiar nu kumaha.
Kapan mashur Juragan Lurah teh sugih, katambah balabah, welas asih ka nu leutik, heman ka somah-somahna.”
SINOM
Waktu indungna nyarita, eureun ceurikna Nyi Uki, ngan ukur inghak-inghakan, ku manehna geus kaharti, banget ngarasa sedih, mikirkeun kanyaah indung, sakabeh piwulangna, nyerep kana sanubari, bet tetela nyaahna leuwih ti bapa.
Paingan ceuk paribasa, mungguhing urang di lahir, entong jauh nya pupuja, muji kudu ka nu bukti, ati tetep ngabakti, sumujud kudu ka indung, bapa kudu dipuja, tangtu mulya lahir-batin, tatapina loba jalma anu sasab.
Joledar ka indung-bapa, tina katarik ku mukti, atawana jadi pangkat, pedah indung bapa laip, loba nu api lain, malah nepi ka teu ngaku, nu kitu bukti pisan, muktina sok tara lami, lamun pangkat sok gancang pisan runtagna.
Pok ngomong deui indungna, ”Ema bungah taya tanding, ngadenge carita bapa, yen ayeuna diri Nyai, purun boga salaki, tandana nyaah ka indung, tur nu mikahayangna, lain jalma leutik-leutik, sarta wajib mikanyaahna ka urang.
Najan dijieun nu ngora, asal narima ka takdir, entong dipake tugenah, arek nyiar naon deui, hanas kacinta ati, engke oge laun-laun, tangtu datang sorangan, inget ka Marjuki leungit, timbul asih ka salaki anu anyar.
Sakitu timbangan ema, coba pek ku Nyai pikir, jeung eta Juragan Lurah, tacan sepuh-sepuh teuing, babad keneh ka Nyai, geura itu mah Nyi Apun, keur waktu dikawinna, manehna parawan leutik, Mang Alta mah buukna enggeus carambang.
Geuning nepi ka ayeuna, geus sapuluh taun leuwih, teu aya kitu-kieuna, lulus-runtut laki-rabi, malah pada maruji, ka Nyi