Apun pada lucu, eta teh taya lian, ku lantaran silih asih, silih ayun dina jalan kaberesan.
Malah ku timbangan ema, lamunna boga salaki, mending nu kolot umurna, asal ka jelema sugih, sugih dunya jeung harti, nyaah ka sasama mahluk, heman ka nu walurat, welas-asih ka nu miskin, ka bojo mah geus tangtu leuwih asihna.
Eta sarat sakabehna, di Agan Lurah kapanggih, nyampak sagala-galana, menak adil tur berbudi, sugih dunya jeung harti, henteu luhur henteu lengus, barahan jeung nyaahan, abdi-abdi wedi-asih, sumawonna ka garwa jeung kadang-warga.
Pamanggih ema geus loba, anu enggeus laki-rabi, di nu ngora pada ngora, loba anu pisah deui, ana jaheut saeutik, osok gancang bae pundung, gancang ragragna talak, boga angkuh ieu aing, masih ngora tangtu loba anu hayang.
Di awewe kahayangna, dahar seubeuh pake ginding, kacumponan sakarepna, sarta tetep dipiasih, salaki ulah jalir, embung dibawa salingkuh, komo mun dicandung mah, ngadu lacur pilalagi, kasieunna anu taya papadana.
Ari lalaki nu ngora, pikirna sok gancang gingsir, teu kaop manggih nu anyar, atawa nu luis-luis, gancang bae katarik, napsuna osok dijurung, tah kitu anu matak, laki-rabi tara lami, babakuna lalaki lantaranana.”
Nyi Uki pok ngawalonan, ngomong bari lengas-lengis, “Duh Ema nuhun kacida, piwuruk Ema kaharti, yaktos kitu teh teuing, wungkul kajurung ku napsu, tuna keneh panalar, teu tiasa milih-milih, pilampaheun nu baris nyenangkeun badan.”
Harita mah Nyi Urkiah, pikirna teu juwet teuing, ulatna katara berag, meh sabiasa sasari, tapi barang reup peuting, datang deui pikir bingung, teu bisa sasarean, inget bae ka Marjuki, kumalayang katingal kokolebatan.
Ras inget kana sumpahna, waktu manehna rek indit, basana nepi ka ajal, moal pegat nya miasih, Nyi Uki segruk ceurik, sasambatna "aduh-aduh, Ya Gusti Ya Pangeran, anu sipat Rahman-