Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Rahim, jisim abdi nyuhunkeun welas Gamparan.

Mugi dipaparin kadar, tepang deui jeung salaki, jisim abdi henteu kiat, papisah parantos lami, lamun teu tepang deui, mangga candak bae umur, iklas abdi teh iklas, ti batan nandang prihatin, langkung sae jisim abdi sah ti dunya.”

Kocap tua-kampung datang, babarengan reujeung amil, ka imah Bapa Urkiah, geus tepung jeung Bapa Uki, Ki Amil nu mimiti, ka Bapa Uki cacatur, yen manehna pang datang, maksudna arek badami, pikeun ngurus kaberesan Nyi Urkiah.

”Saurna Juragan Lurah, ayeuna gancang Nyi Uki, ngadeuheus ka Raad Agama, lantaran ku Ki Marjuki, ditinggalkeun geus lami, ngalanggar papagon hukum, turug-turug teu aya, pangiriman ti Marjuki, disuhunkeun supaya ragrag talakna.

Isukan urang marangkat, reujeung kaula pribadi, ka Juran Naib Cidamar, sarta reujeung Bapa Uki, sabab kudu ka nagri, ka kaum dayeuh Cianjur, urang teh tangtu lila, moal bisa gancang balik, kudu tunggu sing nepi kana beresna.

Jadi ku timbangan kula, kira-kira kurang-leuwih, aya satengah bulanna, di dayeuh urang nya cicing, tong salempang Pa Uki, keur bekel mah ieu cukup, pikeun sagala rupa, kaula geus dipaparin, ti Juragan Lurah anu mikawelas.

Ayeuna pamenta kula, Bapa Uki jeung Nyi Uki, pek geura sasadiaan, subuh-subuh urang indit, ulah rek salah deui, ku kula tangtu ditunggu, sampeur bae ka imah,” ngawalonan Bapa Uki, "Nuhun pisan ari sareng Mas Amil mah.

Kahayang teh bisa gancang, beres talakna Nyi Uki, abdi teh hariwang pisan, sieun kajadian deui, cara peuting kamari,” pok ngomong Ki Tua-kampung, ”Atuh komo kula mah, sabab anu boga wajib, risi pisan sieun aya kaributan.”

”Mangga” omong Pa Urkiah, amil jeung kokolot pamit, ngan sakitu badamina, tuluy duanana balik, ti dinya Bapa Uki, ka Nyi Uki pok wuwuruk, ”Uki geura sadia, subuh-subuh urang indit,” Nyi Urkiah jongjon bae teu ngajawab.

32