Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Barang bapana ka luar, Nyi Uki ngojengkang indit, tuluy asup ka enggonna, geblug nyuuh bari ceurik, datang pikirna sabil, tina kalaput ku bingung, poekeun pikeun lampah, tina peurih nyeri ati, lamun aing ngagugu ieu aturan.

Aing indit kudu rapa, menta talakna salaki, ku hukum tangtu ditigas, ragrag talak Kang Marjuki, aduh karunya teuing, da aing teh henteu maksud, henteu hayang ditalak, sanajan nepi ka pati, hayang ulah jeung manehna pipisahan.

Ari aing arek baha, lamun isuk embung indit, sakumaha teuing bapa, nyiksana ka diri aing, tapi mun aing indit, ti dieu maksud rek kabur, nyaah teuing ku ema, kaleungitan diri aing, reujeung hate melang pisan ka si Ujang.

Sakitu pikiranana, hantem dibulak-dibalik, tungtungna tetep hatena, leuwih hade kudu indit, manan di dieu cicing, anggur undur tinggal lembur, suganna aya kadar, salaki bisa kapanggih, moal weleh ku aing rek diteangan.

Hanas melang ka ema mah, ka anak pon kitu deui, pasrah bae ka Pangeran, suganna bae di ahir, aing nepi ka takdir, nugraha Gusti Yang Agung, bisa deui patepang, sarta aing aya milik, pikeun ngurus ka kolot reujeung ka anak.

Kocapkeun bae sorena, bada isa Bapa Uki, geus reup bae sasarean, Ambu Uki kitu deui, jangjina ka Nyi Uki, subuh-subuh kudu nyangu, ulah rek kabeurangan, sabab isuk kudu indit, sarta kudu nyampeur ka Ki Amil heula.

Nyi Uki bungah kacida, sabab bapana geus jempling, indungna sarta anakna, enggeus euweuh anu nyaring, tuluy manehna indit, ka enggonna buru-buru, beberes lalaunan, sieun kolotna nyararing, nganti-nganti kana talibra sarena.

Nu kaleungitan caroge I
33