KINANTI
Dikira pukul sapuluh, ku Nyi Uki geus kakuping, kerekna indung-bapana, ti dinya manehna indit, leumpangna teh lalaunan, sieuneun bapana nyaring.
Manehna nyingkabkeun simbut, anakna anu keur jempling, teu tahan nahan cimata, bari ngomong “Duh anaking, anak ema masing sabar, pasrah ka Nu Maha Suci.
Ema melangna mah tangtu, ka nu jadi buah ati, tapi dalah dikumaha, titis tulis ti Yang Widi, urang teh kudu papisah, duh Gusti nu sipat Rahim.
Ngan Gusti Nu Maha Agung, nu kagungan bumi langit, nu uninga hate ema, nyeri peurih geus kapanggih, kara masakat kasorang, iklas raga reujeung pati.
Ema neda ka Nu Agung, diri maneh he anaking, pait daging pahang tulang, dibarengan parek rezki, muga-muga aya kadar, anaking papanggih deui.
Ema teh maksud rek kabur, nyingkiran panggoda iblis, rek neangan bapa Ujang, suganna pareng ka panggih, duh Ujang doakeun ema, ema teu tahan ku nyeri.”
Tuluy anakna dicium, tarangna barina ceurik, inditna keketeyepan, sok sieun anakna nyaring, asa tungkeb bumi alam, poek mongkleng buta rajin.
Muka panto tuluy turun, barang geus bijil Nyi Uki, tuluy leumpang gagancangan, najan poek liwat saking, lantaran jalan geus apal, henteu matak susah deui.
Teu make jalan nu baku, sabab boga pikir risi, sieun aya nu manggihan, ronda atawa pulisi, makena jalan satapak, torobosan nu ka pasir.
Kacaturkeun enggeus jauh, leumpang geus meunang sapasir, turut-turut pahumaan, gilig pikirna Nyi Uki, teu sieun ku sato