galak, teu risi ku sabab peuting.
Ngan sieun aya nu nyusul, atawa pareng papanggih, jeung jalma anu paliwat, nu pada lumaku peuting, ari mungguh ku sato mah, saeutik oge teu risi.
Nyi Uki leumpangna terus, henteu eureun sapeupeuting, enggeus jauh ti lemburna, liwat sababraha pasir, tegal huma jeung wahangan, jungkrang lebak kitu deui.
Caturkeun geus isuk-isuk, panon-poe enggeus bijil, Nyi Uki bungah kacida, leumpang mapay jalan huni, ayeuna mah bisa gancang, henteu usrak-asruk teuing.
Tunda anu eukeur kabur, kocapkeun kolot Nyi Uki, dikira jam pukul opat, sarena kakara lilir, reuwas sieun kabeurangan, tuluy nyelukan Nyi Uki.
Indungna tuluy candukul, bari nyelukan Nyi Uki, tapi weleh teu nembalan, tuluy manehna teh indit, asup ka pangkeng anakna, tetela Nyi Uki sepi.
Dina pikirna si indung, taksiran eukeur ka cai, sabab enggeus dijangjian, kudu nyangu peuting-peuting, sangkan ulah kabeurangan, sabab subuh kudu indit.
Didago nepi ka subuh, bet henteu datang Nyi Uki, kakara manehna reuwas, gumebeg ngarasa risi, sok sieun anakna minggat, gancang manehna teh indit.
Mawa oncor bari turun, anu dijugjug ka cai, barang datang kaget pisan, sabab tetela di cai, Nyi Uki teh henteu aya, tuluy bae balik deui.
Ka salaki ngomong gugup, ngabejakeun yen Nyi Uki, di cai oge teu aya, tuluy bae jeung Pa Uki, mapay ka kabeh tatangga, tapi weleh teu kapanggih.
Bapa Uki beuki bingung, gancang bae indit deui, suganna eta anakna, geus indit nyampeur Ki Amil, barang Bapa Uki datang, Ki Amil semu nu pusing.
Pok ngomong bari camerut, ”Aeh-aeh Bapa Uki, naha mana