kabeurangan, kula nunggu ti tatadi, bet teu beunang dijangjian, abong-abong aki-aki.”
Bapa Uki pok ngawangsul, ”Hudang mah tadi janari, barang abdi prantos hudang, tuluy nyelukan Nyi Uki, tapi teu daek nembalan, gancang diteang ku abdi.
Bet di enggonna teh suwung, dikira eukeur ka cai, manehna hudang ti heula, ditunggu-tunggu ku abdi, bet teu aya bae datang, enggal di teang ka cai.
Di tampian oge suwung, tuluy abdi indit deui, mapay ka kabeh tatangga, tapi weleh teu kapanggih, tatangga taya nu terang, kantun bingbang bingung pikir.
Tuluy abdi buru-buru, ti imah teh indit deui, nu dibujeng anjeun pisan, suganna bae Nyi Uki, ka dieuna geus ti heula, embung bebeja ka abdi.”
Ki Amil semu nu bingung, olohok bae jeung dikir, omongna teh ”Palangsiang, ayeuna eta Nyi Uki, pang teu ayana teh minggat, estuning henteu kaharti.
Ayeuna mah buru-buru, ka tua-kampung pupulih, kudu menta diteangan, rasa kula mah Nyi Uki, di dieu keneh can ingkah, nyumput di nu tempat suni.”
Ti dinya Pa Uki tuluy, ka tua-kampung pupulih, yen Nyi Uki henteu aya, karoris tadi janari, dikira jam pukul opat, geus diider teu kapanggih.
Gancangna Ki Tua-kampung, indit arek nakol titir, ngumpulkeun sakabeh jalma, ngabejakeun yen Nyi Uki, tadi peuting enggeus minggat, dikira wanci janari.
Ku taksiran bae nyumput, dina tempat anu suni, hayoh geura tareangan, sarta masingna kapanggih, estuning matak hariwang, nyieun pusing ka pulisi.
Jalma kabeh pada hibut, ku tua-kampung dibagi, nu ka kulon nu ka wetan, kaler kidul kitu deui, sakabeh lembur disaksrak, jeung ka tempat-tempat suni.