Hunyur gunung teu kalarung, gawir-pasir henteu kari, lebak jungkrang ge dilanglang, jalan huni kitu deui, nu aya di huma reuma, tegalan pon pilalagi.
Ku jalma hantem diasruk, tapi weleh teu kapanggih, panyangka kabeh jelema, geus tangtu bae Nyi Uki, kabur ka tempat nu anggang, indit leumpang sapeupeuting.
Tua-kampung wuwuh bingung, tuluy ngomong ka Pa Uki, ”Ayeuna pamenta kula, Bapa Uki kudu indit, papay ka kabeh baraya, ka sobatna kitu deui.
Ulah aya nu kalarung, jeung kudu pisan kagiring, kula teu weleh hariwang, salawasna nyieun pusing, abong-abong jalma bedang, bedegong jeung ieu aing.
Hayoh indit buru-buru, ari kula arek indit, ka desa arek bebeja, ngabejakeun yen si Uki, peuting tadi enggeus minggat, diteangan can kapanggih.
Isukna teh subuh-subuh, Bapa Uki enggeus indit, mapay ka kabeh baraya, kawawuhan kitu deui, kontrak nu deukeut dipapay, sumawon Patuha-Wati.
Ngiderna meunang saminggu, ulah bon bisa kapanggih, henteu beja-beja acan, enggeus weleh Bapa Uki, tuluy mulang ka lemburna, pikirna sedih prihatin.
DANGDANGGULA
Tunda heula lalakon Pa Uki, kitu deui Nyi Uki nu minggat, lampahna kadalon-dalon, ganti anu kacatur, Ki Marjuki salaki Uki” anu eukeur ngumbara, jejeg lima taun, lilana di Tanjungkarang, gawena teh tetep jadi jurutulis, anemer Mas Wiria.
Hiji peuting manehna teh ngimpi, sidik pisan aya anu datang, ngarontok bari ngadengek, kana lahunan nyuuh, ari pokna ”Duh tobat teuing, Akang iklas kacida, geus lawas nya ngantun, naha ku naon margina, ka abdi teh mana tega-tega teuing, bet cidra ti subaya.