Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Salawasna abdi teh prihatin, siang-wengi teu weleh ngantosan, da kapan saur Akang teh, ka abdi moal ngantun, tapi bukti ayeuna jalir, naha bet kajongjonan, geus meh lima taun, lamun sarupi kieu mah, tangtos pisan moal bisa menyat deui, paeh ku kanalangsan.

Abdi pasrah ka Gusti Yang Widi, mun enya mah Akang enggeus iklas, suka lilah maot oge, pasrah dipundut umur, batan gaduh salaki deui, Ya Gusti Ya Pangeran, tobat Gusti ampun, deudeuh teuing aduh Ujang, geura mangga ieu ku Akang tingali, ieu teh anak urang.”

Jero ngimpi kaget Ki Marjuki, disidikkeun tetela bojona, gancangna gabrug dirontok, dipapangku dilahun, diusapan barina ceurik, ”Duh Uki henteu nyana, bet ka dieu nyusul, akang teh pang kieu peta, taya lian ngabelaan diri Nyai, sangkan ulah balangsak.

Akang kaget henteu nyana teuing, geuning Uki ayeuna bet datang, naha jeung saha maneh teh, sakieu akang jauh, bet ku Nyai bisa kapanggih,” Nyi Uki ngawalonan, ”Henteu aya batur, ngan kadua jeung si Ujang,” ku Marjuki ret ditingal estu sidik, aya sahiji budak.

Eukeur diuk gigireun Nyi Uki, teu sak deui geus tangtu anakna, gancangna budak dirontok, bari ceurik ngagukguk, ”Aduh Ujang karunya teuing, ditinggalkeun ku bapa, pirang-pirang taun,” beuki lila beuki rosa, Ki Marjuki ceurikna ngagoak tarik, datang ka ngorejatna.

Manehna teh kaget liwat saking, reh ngadenge anu gegeroan, pokna agan-agan bae, eta sora teh puguh, sidik pisan bujang Marjuki, gancangna ditembalan, rusuh sarta gugup, ”Aya naon gegeroan,” cek bujangna ”Ku naon Agan teh nangis, abdi mah reuwas pisan.”

Cek Marjuki ”Puguh dewek ngimpi,” jawab bujang ”Euh atuh paingan, panginten teh sanes ngimpen, reuwasna sakalangkung, anu mawi abdi ti tadi, ngageroan ka Agan, inggis henteu puguh, kasieun teh henteu damang, prantos lali dikarisi dikaisin,

38