Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dugi ka gegeroan.”

Tuluy bae hudang Ki Marjuki, sarta bari ningal erlojina, barang breh oge katenjo, kakara pukul tilu, tuluy bae ka enggon deui, henteu eureun istigpar, pikirna rumanjug, mikiran kana impian, sidik pisan satingkah polah Nyi Uki, kadeuleu atra pisan.

Dipikiran dibulak-dibalik, dipapantes hartina impian, dilarapkeun kana hate, Nyi Uki enggeus tangtu, salawasna nandang prihatin, lantaran enggeus lila, ampir lima taun, taya beja-beja acan, turug-turug waktu dikantun geus sidik, keur boga kakandungan.

Beuki sidik ka rupa Nyi Uki, beuki nyata ka rupa anakna, impian teh leuwih jentre, rus-ras inget ka lembur, ka mitoha pon kitu deui, kacipta waluratna, boa enggeus pupus, saha anu ngarawatan, ka Nyi Uki tambah boga anak leutik, moal kaur usaha.

Tangtu pisan badanna Nyi Uki, beuki lila beuki tambah ruksak, anakna pon kitu keneh, jadi aing teh estu, lain wungkul nyiksa Nyi Uki, tambah nyiksa ka anak, henteu pisan ngurus, mun kaya kieu petana, tangtu pisan nampa bebendon Yang Widi, hirup moal waluya.

Enggeus tetep pikir Ki Marjuki, arek mulang balik ka lemburna, moal rek diengke-engke, nu diajam dek isuk, manehna teh teu sare deui, bablas nepi ka beurang, tuluy buru-buru, nepungan dununganana, Mas Wiria kasampak balik ti cai, Marjuki cacarita.

”Anu mawi dongkap enjing-enjing, bujeng-bujeng abdi ngadeuheusan, gaduh maksad rek permios, seja wangsul ka. lembur, nyelang heula wates sasasih, wireh hate sumeblak, emut ka pun dulur, pun adi anu ditilar, kapungkur teh waktos abdi bade indit, matuhna di pun paman.

Sering pisan ku abdi kaimpi, malah-malah wengi tadi pisan, kaimpi bet manehna teh, dongkap ka dieu nyusul, bari ceurik jeung rawah-riwih, pokna kacida Akang, ka abdi bet ngantun, prantos sakieu lamina, abdi keueung ku hayang ka dieu ngiring, didamel sareng Akang.

Ka pungkur teh waktos abdi indit, pun adi teh nuju keur sa-

Nu kaleungitan caroge I
39