kola, nu mawi dititipkeun ge, sina dongkap ka cucud, sakolana dugi ka hasil, hayang kenging diploma, kitu nu dimaksud, mun manehna geus ka luar, rek dibantun ka dieu supaya ngiring, digawe jeung Juragan.”
Mas Wiria kaget liwat saking, reh Marjuki nyarita ngadadak, tuluy manehna ngawalon, ”Akang kaliwat bingung, mun digawe teu aya Ayi, da kahayang akang mah, entong make wangsul, hanas ka saderek melang, hadena mah ulah diteang ku Ayi, anggur urang nitahan.
Kapan rea jalma anu kuli, nu katimbang beunang dipercaya, atawana nitah mandor, ongkosna akang nanggung, saniskara keur bulak-balik, mun kitu rasa akang, asa leuwih alus, Rayi teh tangtu kabawa, asal surat ti Ayi masingna titih, pikeun ka tuang rama.
Tangtu rama moal rempan deui, keren kana ngajurungkeunana,” Marjuki gancang ngawalon, ”Mugi teu jadi bendu, abdi maksad mios pribadi, tina geus kalamian, langkung lima taun, di dieu ngiring Juragan, kawuwuhan abdi teh sama sakali, ka lembur teu nyarita.
Tangtos pisan pun paman pun adi, lepat pisan moal aya sangka, abdi masih aya keneh, jadi lamun ngajurung, bok manawi inggis ku bisi, kana moal mercaya, bilih nyangka palsu, dupi kadua perkara, maksud jarah ka sadaya wargi-wargi, tina geus kalamian.
Sareng anu katilu perkawis, abdi prantos gaduh tutungkusan, sesa neda sareng make, di lebet lima taun, sisimpenan nu saban sasih, jumlahna sadayana, aya genep ratus, ku abdi bade dibawa, disangsangkeun kana barang anu hasil, keur pibekeleun jaga.
Anu mawi ayeuna teh abdi, sanget neda paidin Juragan, dinten enjing hayang mios, sareng jabi ti kitu, siang-wengi teu aya deui, anu diteda-teda, amung sih pangjungjung, jiad pandunga Juragan, mugi-mugi samaksad abdi sing hasil, sareng kawilujengan.”
Mas Wiria, seug ngawalon deui, ”Mun kitu mah dalah diku-