Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

maha, sareng pikir akang cocog, mangga atuh ngajurung, tapi omat ulah rek lami, ku kahayang akang mah, wates dua minggu, tong kungsi kana mulanan, buru-buru Ayi kedah mulih deui, akang keueung kacida.”

”Nuhun pisan” walon Ki Marjuki, ”reh Juragan parantos ngidinan, mugi ulah mangmang bae, tinangtos buru-buru, abdi wangsul moal dek lami,” ngajawab Mas Wiria, ”Atuh Ayi nuhun, jeung ieu akang nyanguan,” ku Marjuki duit gancangna ditampi, omongna “Nuhun pisan.”

Tuluy bae Ki Marjuki pamit, gagancangan indit ka pondokna, ti dinya tuluy beberes, anu baris dibantun, papakean sarawuh duit, ari jaba ti eta, kabeh ge dikantun, dititipkeun ka bujangna, dijangjian kudu pisan ati-ati, ngajaga babandaan.

PANGKUR

Kacatur bae isukna, subuh-subuh Marjuki enggeus indit, ka palabuan geus cunduk, tuluy unggah ka kapal, anu arek miang ka Tanjungpariuk, teu kacatur di jalanna, ka Batawi enggeus nepi.

Ngajugjug ka Kamayoran, rek neangan tempat pigeusaneun meuting, supayana isuk-isuk, bisa muru kareta, pangisukna anu terus ka Cianjur, dumadak kersaning Allah, pamondokan enggeus manggih.

Tempat anu sirna pisan, hiji kamar nyewa limablas ketip, ti peuting henteu kacatur, kocap bae isukna, Ki Marjuki ngajugjug ka Pasar-Baru, seja rek balanja heula, eukeur ngirim anak-rabi.

Rupa-rupa papakean, kadaharan bubuahan kitu deui, balikna teh angkaribung, kapaksa tumpak kahar, taya deui ku manehna nu dimaksud, sieun tinggaleun kareta, anu inditna ti Gambir.

Geus beberes gagancangan, tumpak kana kareta trem ka Gambir, barang datang buru-buru, meuli karcis trus unggah, henteu lila kelenong geus loceng tilu, geleser kareta mangkat,

41