Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ninggalkeun kota Batawi.

Henteu kocap di jalanna, Ki Marjuki ka Cibeber geus nepi, geus beberes tuluy turun, di halteu kabeneran, loba kuli nu ka kontrak rek buburuh, kuli ka Sukanagara, tuluy Marjuki pasini.

Ngulikeun nanggung barangna, di jalanna henteu kacatur deui, ka Sukanagara cunduk, ku lantaran harita, enggeus burit dikira jam pukul tujuh, tuluy nyiar pamondokan, di warung manehna meuting.

Jeung harita enggeus meunang, hiji jalma nu sanggup arek kuli, pikeun pangiring jeung nanggung, sakabeh babawaan, kacaturkeun kira wanci subuh-subuh, Ki Marjuki enggeus hudang, geus beres tuluy arindit.

Dua poe di jalanna, kira-kira wanci magrib geus nepi, ka lemburna nu kapungkur, di kampung Pasirloa, enggeus sidik ka imahna tuluy asup, henteu make pupuntenan, nu dipambrih taya deui.

Supaya anu di imah, karageteun sabab geus tangtu pangling, lantaran geus lima taun, papisah jeung manehna, tapi gagal barang gok teh geuning kitu, sulaya tina panyangka, eusina geus lain deui.

Marjuki kaget kacida, reg ngahuleng barina larak-lirik, era pacampur jeung bingung, ngomong jero atina, boa-boa ieu aing salah asup, lain ka imah mitoha, bisa jadi poho deui.

Olohok nu boga imah, karageteun jeung reuwas liwat saking, kadatangan nu teu wawuh, turug-turug sareupna, sarta ujug-ujug geblus bae asup, taya bema-karamana, tangtu ieu arek maling.

Gancang Marjuki nyarita, ”Muga Akang malum ka sim kuring, ku lantaran gurung-gusuh, asup tanpa larapan, ku ingetan ieu teh rorompok sepuh, margi kuring geus ngalaman, di ieu imah nya cicing.

Rehna gaduh pamajikan, ka Nyi Uki anakna Bapa Uki, kuring enggeus lima taun, ingkah ti ieu tempat,” Ki Alwasim reujeung bojona ngaranjug, ngomongna teh bareng pisan, ”Karah ieu teh Marjuki.”

Ki Marjuki ngawalonan, “Leres pisan sim kuring teh

42