juki,” cek Alwasim ”Aduh-aduh, naha Ujang ka mana, nya angkat teh mani prantos naun-naun, kaka mah teu nyangka pisan, Ujang baris datang deui.”
Ki Marjuki ngawalonan, ”Kuring indit ti dieu maksud kuli, bet pareng ka tanah Lampung, ti dieu jauh pisan, kudu nyebrang jalanna ge meuntas laut, kuring meunang pagawean, di ditu jadi jrutulis.
Pang kuring datang ka nyebrang, enggeus weleh di dieu mah teu manggih, taya lian nu dimaksud, sugan gede hasilna, malak mandar kuring bisa nulung sepuh, pamajikan jeung pun anak, reh masakat liwat saking.
Ayeuna kuring dikadar, aya milik nu mawi gancang balik, tina banget hayang tepung, sono dumeh geus lawas, anu matak bieu ujug-ujug asup, estu kuring teh ngahaja, sangkan leuwih bungah ati.”
Alwasim megat carita, bari ngomong pokna ”Karunya teuing, Ujang teh datang ka kitu, usaha kajongjonan, mani ambleng di sajero lima taun, henteu surat-surat acan, sumawonna lamun mulih.”
Ki Marjuki ngawalonan, "Pangna kuring teu bisa nyelang balik, saperkara tina jauh, gede pisan ongkosna, sajalanna moal cukup dua puluh, sareng kadua perkara, papada balik geus hasil.
Kuring hayang geura terang, na ka mana pindahna Bapa Uki, sabab hayang geura tepung,” Alwasim ngawalonan, ”Geura kieu lalakonna mangga dangu, da kaka mah terang pisan, bubuhan henteu patebih.
Barang Ujang enggeus angkat, tuang rai Nyi Uki matak watir, gawena ngan huleng-jentul, teu aya kabudayan, beurang-peuting ngan ulukutek teu jauh, kurang sare kurang dahar, gawena ngan wungkul ceurik.
Taya lian nu disambat, ngan ka Ujang basana tega teuing, sarerea milu bingung, sumawon mertua mah, inggis risi bisi tega kana umur, katambah keur kakandungan, estu matak pisan watir.