Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Beurang-peuting mertua mah, pili genti ngemitanana Nyi Uki, jeung teu weleh digelendut, sangkan lejar pikirna, malah aka osok rajeun oge milu, lila-lila mah katara, henteu matak risi teuing.

Manehna sok rajeun liar, mun ti beurang ku aka sok kapanggih, nganjang ka batur salembur, tatapi bet awakna, beuki lila beuki tambah bae kuru, ari lebah dinyana mah, tangtu ku Ujang kaharti.

ASMARANDANA

Kira aya opat sasih, ti saenggeus Ujang angkat, brol ngajuru Nyi Uki teh, sarta murahna Pangeran, duanana jaragjag, orokna lalaki mulus, montok matak lucu pisan.

Ti harita tuang rai, budina katara hegar, meh rek biasa bareto, beurang-peuting ngasuh anak, aya keur panglelejar, dititimang dipapangku, tara anggang ti lahunan.

Komo deui Ambu Uki, bungah lain di kieuna, sok katingal ku aka ge, geus poho di ka kolotan, mindeng hahariringan, bari nimang-nimang incu, nyaah leuwih ti indungna.

Barang putra geus disapih, Nyi Uki osok katingal, kuli deui metik enteh, saban isuk ka kontrakan, ku lantaran budakna, anteng jeung aya nu ngasuh, dirorokna ku ninina.

Ku sabab enggeus disapih, diempengan ku ninina, atuh Nyi Uki teh jongjon, usahana ka kontrakan, barang di taun tukang, aka teh kaget kalangkung, loba anu ngahelaran.

Aya maksud ka Nyi Uki, bujang-bujang ti kontrakan, malahan ti kampung oge, marukan Nyi Uki lagas, malum lebah dinya mah, tapi tuang rai pengkuh, henteu beunang ku panggoda.

Kabeh nu datang ditampik, taya anu dilawanan, sangkilang nu ngaranjang teh, aranom leuwih ti Ujang, sarta pagandang-gandang, supaya Nyi Uki purun, dibibitaan ku dunya.

44