Ari omong tuang rai, kasakur anu daratang, mugi ulah bendu bae, da abdi teh sanes randa, gaduh anu ngawasa, salaki keur nyaba jauh, nya ieu bapa pun anak.
Atuh sakabeh lalaki, beuki tambah panasaran, rea anu nyiar pelet, metakeun gendam asihan, sangkan bisa laksana, tatapi kabeh ge lapur, taya tarekah nu mental.
Kacarita lami-lami, bet sumping Juragan Lurah, maksudna nya kitu keneh, ka Nyi Uki rek ngagoda, tapi teu dilayanan, ku sabab ngarasa giung, waleh yen arek ditikah.
Tina pengkuhna Nyi Uki, nolak sanajan ditikah, dalah ku juragan oge, harita Juragan Lurah, kacida teu ngeunahna, napsu Mas Lurah kapegung, akal tarekah kapegat.
Barang heuleut tilu peuting, kajadian aneh pisan, tunggara nu leuwih gede, janari aya nu datang, jalma arek mergasa, ieu imah pada nimbul, ku batu dibaledogan.
Jeung aya nu ngati-ngati, Nyi Uki rek dipaehan, harita aka teh kaget, ngadenge nu jejeritan, sarta tulung-tulungan, kabeh tatangga maruru, pahibut arek nulungan.
Lantaran geus elat teuing, eta jalma geus teu aya, tuluy bae harita teh, limaan anu ariang, rek lapor ka kapala, sawareh anu tarunggu, bray bae nepi ka beurang.”
Terus bae ku Alwasim, diterangkeun sakabehna, akalna eta kokolot, tua-kampung Pasirloa, malar Nyi Uki beunang, daek ka Juragan Kuwu, tapi antekna bet minggat.
PUCUNG
Ki Marjuki gogodeg jeung renghap ranjug, murubut cimata, tina watir ka Nyi Uki, henteu nyana nepi ka kitu jadina.
Ditinggalkeun geus leuwih ti lima taun, tetep satiana, tuhu madep ka salaki, kukuh pengkuh henteu keuna ku gogoda.
Tina ngangres teu tahan tungkul sumegruk, poho di kaera,