Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sasambatna watir teuing, ka akang teh saestu maneh satia.

Anggur suka usrak-asruk henteu puguh, tega kana raga, tibatan lakian deui, bukti pisan yen awewe sajatina.

Deudeuh teuing di mana ayeuna atuh, cing akang bejaan, supaya gancang kapanggih, najan meuntas lautan tangtu diteang.”

Ki Alwasim jeung bojona sakalangkung, watireun kacida, ningal polah Ki Marjuki, segrak-segruk ceurik barina sasambat.

Ki Marjuki maksa ngomong jeung sumegruk, sora pegat-pegat, pokna "Hayang terang kuring, ari bapa jeung ema aya di mana.

Ki Alwasim neruskeun deui cacatur, "Harita teh teras, ku mertua dipilari, tapi weleh ka mamana teu kapendak.

Tina langkung mertua ngarasa bingung, di dieu teu betah, tuluy bae ararindit, omongna mah rek matuh deui di kontrak.

Ari ieu imah katut sareng lembur, malah jeung kebonna, nya dibeuli ku sim kuring, geus dibayar kontan tujuh puluh perak.

Ti dieuna Patuha-Wati dijugjug, taya anu jajap, ngan katilu murangkalih, tuang putra anu leutik keneh pisan.”

Ki Marjuki tungkul teu eureun sumegruk, inget ka anakna, ka mitoha kitu deui, ku pikirna isukan rek diteangan.

Cek Marjuki ”Ari Aka enggeus tepung, sanggeus bapa pindah, di kontrak Patuha-Wati,” Ki Alwasim gancang pok bae ngajawab.

”Ti saenggeus pindah aka henteu tepung, malah remen nyaba, ka kontrak Patuha-Wati, tapi weleh diteangan henteu aya.

Ditanyakeun ka sakabeh batur-batur, ari jarawabna, euweuh ngaran Bapa Uki, aka heran duka ka mana pindahna.”

Ki Marjuki ngahuleng bawaning bingung, ngomong jro atina, ”Naha teu ku hanteu teuing, mitoha ge geuning teu puguh dumukna.

@@@

46